Sunteți pe pagina 1din 2

Peringatan Isra Miraj di SMA Negeri 1 Bogor

Mc : Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa Kepala SMA Negeri 1 Bogor anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad Maulana anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rngrngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus
Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha
Suci, Allah SWT, anu parantos ngallrkeun nimat sareng kasehatan dugi ka urang
sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangmut dinten Isra Miraj Nabi
Muhammad SAW.
Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka
dinten kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirh
kapancnan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris
kasanggakeun, di antawisna :
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA Negeri 1 Bogor
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup
Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Acara kadua, maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka
Sadrk Rahmat mangga dihaturanan.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Lukman anu parantos ngaoskeun ayat suci Alquran
sareng mingpin solawat nabi.
Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadrk Mulyana
mangga dihaturanan ka payun.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Mulyana anu parantos ngadugikeun laporanana.
Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA Negeri 1 Bogor. Ka Pangersa
Ibu Sri Eningsih, M.Pd , waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Ibu Sri Eningsih, M.Pd, anu parantos ngadugikeun
pamapagna.
Nincak kana acara kalima, nya ta taushiyah ti Bapa Ustad Maulana. Sumangga Bapa
Ustad Maulana, waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Maulana anu parantos ngadugikeun
taushiyahna.

Nincak kana acara nu terakhir, nya ta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku
Bapa Ustad Maulana. Sumangga Bapa Ustad Maulana, dihaturanan kanggo mingpin
doa.
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Maulana anu parantos mingpin doa, mugia doa
urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbilalamin. Ti
simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka
rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun
ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah.
Billahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum wr.wb.

S-ar putea să vă placă și