Sunteți pe pagina 1din 49

1.

Atah anjang = langka silih anjangan


2. Adigung adiguna = takabur, sombong
3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euwueh
4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
6. Alak paul = jauh pisan
7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
8. Ayem tengtrem = tenang teu aya kasieun
9. Asa teu beungeutan = awahing ku era
10. Anu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka
11. Amis = hade paroman
12. Aya jurig tumpak kuda = Aya milik nu teu disangka-sangka
13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang aya nu ngajak
14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kahayang salaki
15. Amis daging = babarian katerap panyakit
16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = ari umur geus kolot, tapi ari kahayang
sia budak ngora
18. Agul kupayung butut = agul ku turunan
19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
21. Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
22. Birit aseupan = teu daek cicing
23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun ruisah atawa kasalahan batur
24. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
25. Beurat birit = hese dititah
26. Bali gusan ngajadi = lemah cai kalahiran
27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
31. Badak cihea = degig
32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
33. Babalik pikir = insap
34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
35. Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
36. Buntut kasiran = medit
37. Bodo alewoh = bodo tapi teu daek tatanya
38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
39. Beja mah beja = beja ulah waka dipercaya
40. Bancang pakewuh = pikasusaheun
41. Budak ker muejeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
42. Bulu kapaut = kabawa kubatur
43. Balabar kawat = beja nu seumebar
44. Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
45. Batan kapok galah gawok = batan eureun kalah maceuh
46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
47. Cueut kahareup = tereh maot
48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompetdaunkeun = disamarutkeun
50. Dibejerbeaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
51. Dog dog pangewong = acara panambah
52. Dibabuk lalaykeun = dibabuk kenca katuhu
53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku gusti Alloh
55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
57. Gantung denge = masih dedengeun
58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
59. Gede gunung pananggeuhan = boga andeleun pedah boga dulur beunghar
60. Garomengmengeun = taya kasabaran
61. Galehgeh gado = sagala dicaritakeun
62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
63. Gurat batu = pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
66. Getas hareupan = gancang napsu
67. Gindi pikir gelang bayah = goreng hate
68. Hampang birit = daekan kana gawe
69. Hamur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
70. Heuras genggerong = omongana sugal
71. Hade gogog hade tagog = jalma sopan
72. Hutang salaput hulu = hutangna kaditu kadieu
73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
74. Hejo tihang = sok pundah pindah gawean
75. Harigu manukeun = dadana nyohcor kahareup
76. Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut kupangbibita
78. Mandap lanyap = omongana lemes tapi ngahina
79. Halodo sataun lintis ku hujan sapoe = kahaden mang taun-taun leungit kukagorengan sakali
80. Heureut pakeun = kurang kaboga
81. Hampang leungeun = gancang tunggal teunggel
82. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutan pibahayaeun
83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
85. Jati kasilih kujunti = pribumi kaelehkeun kusemah
86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
87. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
88. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
89. Kawas bueuk meunang mabuk= ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
90. Kokolot begog = budak pipilueun kana urusan kolot
91. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
92. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awaning ambek
93. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha brehna
95. Kejot borosot = gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman bangkong = Jiga beunghar pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
99. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
101. Kelek jalan = deukeut tapi jalana taya nu lempeng
102. Kawas jaer kasaatan = teu daek cicing
103. Kawas gaang katincak = jempe
104. Kawas hayam panyambungan = lumbang limbung teu puguh
105. Kawas kuda leupas tina gedogan= ngarasa bebas
106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana kolot nu kababawa
107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
109. Kokoro manggih mulud = makmak mekmek
110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun kusorangan
114. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
115. Kawas nyoso malarat rosa = malarat pisan
116. Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun ku gusti Allah
117. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
118. Kawas leungeun palid = uyap ayap teu daek cicing
119. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
120. Kawas merak = beuki kana cengek
121. Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kalimis
122. Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak = sauyunan
123. Leuleus awak = daekan
124. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
125. Laer gado = kabitaan
126. Leutik-leutik ngagalatik = awakna leutik tapi gede kawani
127. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
128. Lalaki langit lalanang jagat = gagah perkasa
129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokan maneh
130. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
132. Lodong kososng ngelentrung = jalma loba ngomong pangartina kosong
133. Loba luang jeung dulang = loba pangaweruhna
134. Leutik ringkang gede dulang = manusa awakna leutik jiwana gede
135. Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
136. Meungpeun carang ku ayakan= api-api teu nyaho tapi nyaho
137. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
140. Miyuni tai = loba nu mikangewa
141. Miyuni kohkol = nasibna diteungeulan bae batur
142. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
143. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
144. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
145. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
146. Maut nyere kacongona = sangsara kakolotnakeun
147. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
148. Nu asih dipulung seungit = kahadean dibales kahadean
149. Nete taraje nincak hambalan = tertib mapay ti handap
150. Nyeri beuheung sosonggeteun= ngalieukan nu rek datang
151. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal aya hasilna
152. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
153. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
154. Nyeungeut damar disuhunan = barang bere hayang kapuji
155. Nyaah dulang = kabudak ngurus daharna wungkul,pendidikana teu dipirosea
156. Ngeplak jawer = taya wawanen
157. Ngadaun ngora = jadi rame
158. Nyoo gado = ngunghak
159. Nyalindung ka gelung = nu teu boga kawin ka awewe nu beunghar
160. Ngadu geulis = paalus-alus
161. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
162. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
163. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa nya goreng lampah
164. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
165. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari kabatur bageur ari kadulur medit
166. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
167. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ngare-ngarep pamere
168. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
169. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
170. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan akhirna nyilakakeun nunulungan
171. Ngadek saclekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
172. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
173. Ngageuingkeun macan turu = ngahudangkeun piambeukeun batur
174. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
175. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyampeurkeun pibahayaeun
176. Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
177. Panjang leungeun = daek puak paok
178. Panjang lengkah = jauh panyabaanana loba pangalamanana
179. Pindah pileumpangeun = robah adat
180. Paeh teu hos hirup teu neut = gering ngalanglayung
181. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
182. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
183. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh gawe
184. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
185. Pagiri-giri calik pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
186. Rea ketan rea keton = taya kakurang
187. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
188. Saciduh metu saucap nyata = sakti ucapanana tara nyalahan
189. Sisit kadal = goreng milik
190. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
191. Saur manuk = ngajawab bareng
192. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
193. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
194. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
195. Teu beunang dikoet ku keked = medit pisan
196. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
197. Ti ngongkoak nepi ka ngeungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
198. Teng manuk teng anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
199. Tuturut munding = sagala rupa nurutken batur
200. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

 Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur,
tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
 Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
 Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
 Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
 Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna
jeung omonganana.
 Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
 Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
 Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
 Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang
mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa
kauntungan.
 Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa
pangpunjulna, pangbeungharna jste.
 Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
 Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
 Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
 Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
 Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh
sakeudeung.
 Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
 Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun
(Mikahayang nu moal bakal kasorang).
 Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu
diurus bener bener.
 Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi
hate ngongoraeun keneh.
 Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
 Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
 Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
 Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
 Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
 Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi
henteu, siga nyaah tapi henteu.
 Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
 Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
 Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
 Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa
kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
 Aya hate kadua leutik naksir.
 Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud
urang gancang kalaksanakeun.
 Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun
ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
 Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
 Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
 Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa dih‫©أ‬roan.
 Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung
panghasilanana.
 Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung
jelemana gede keneh kaera.
 Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
 Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
 Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku
rido jeung beresih hate.
 Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman,
euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar
sangkan waras.
 Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
 Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi,
atawa cilaka.
 Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
 Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana
kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu
ningali.
 Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat
ngahasilkeun maksud.
 Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
 Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
 Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
 Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu
sorangan boh nu batur.
 Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung
ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban
timbalan tinu lian.
 Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
 Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa
karuksakanana.
 Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
 Bobot pangayun timbang taraju kab‫©أ‬h anu dipigaw‫ ©أ‬kudu pinuh tinimbangan.
 Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
 Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
 Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas
santri tapi sok ceceremed.
 Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
 Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok
nitah deui ka batur.
 Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
 Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean
anu aralus dipake.
 Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae
lamun aya kasalahan teh.
 Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
 Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
 Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung
kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
 Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah,
euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
 Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
 Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
 Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo
atawa ditipu ku batur.
 Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu
beunghar.
 Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning
tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
 Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal
nyilakakeun ka diri urang.
 Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha
hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
 Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
 Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
 Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk
maleukmeuk.
 Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi
anak, lamun bapana henteu bageur.
 Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi
diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
 Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah
kacida leutikna.
 Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
 Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
 D‫©أ‬sa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun y‫©أ‬n kaayaan jeung adat
kabiasaan di d‫©أ‬sa jeung kota (nagara) t‫©أ‬h b‫©أ‬da-b‫©أ‬da.
 Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran
pinter dina kasenian.
 Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu
nyaho tibareto yen baraya.
 Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna
kalakonanana atawa kapanggihna.
 Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan
geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
 Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
 Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
 Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda
beda.
 Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
 Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
 Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
 Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan
ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari
geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
 Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
 Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku
nu jadi salami.
 Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu
saeutik.
 Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
 Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
 Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
 Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
 Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu
tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka
sarerea.
 Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina
atawa darajatna.
 Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
 Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu
nyugemakeun.
 Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna
neruskeun ngadengekeun.
 Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa
daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
 Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang,
dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan
hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
 Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya
baleunghar ataw jareneng.
 Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi
gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan
ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
 Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum
ka batur.
 Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun
meledug.
 Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
 Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
 Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
 Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang,
maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
 Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
 Gurat batu Pageuh kana jangji.
 Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka
mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
 Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
 Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung
omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
 Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit
pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
 Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih
tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
 Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
 Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
 Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah
boga.
 Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung
nangtayungan.
 Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut
kalawan tetela pisan.
 Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh
duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
 Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab,
kulantaran umuna sok pabeja beja.
 Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih
soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
 Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
 Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak
anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
 Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri
batur.
 Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar
ayeuna kari miskina.
 Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung
hatena.
 Heureut deuleu pondok l‫©أ‬ngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu
r‫©أ‬a babandingan da kurung batok.
 Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok
kulantaran loba karisi/ karempan.
 Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae,
sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
 Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon
naon.
 Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade
laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
 Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah
untung.
 Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa
pangabogana.
 Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan
anu aralus.
 Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa,
pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
 Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna
salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula
nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok
dipake dina seserahan).
 Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
 Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
 Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina
bina.
 Ipis kulit beungeut Gede kaera.
 Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
 Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung
nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
 Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun
hiji awewe.
 Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
 Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
 Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
 Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
 Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
 Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba
sita, duduga jeung peryoga.
 Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
 Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung
kabiasaanana.
 Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
 Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
 Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang
ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
 Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
 Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
 Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki
mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
 Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
 Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu
susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
 Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga
beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
 Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung
kasusahan.
 Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah,
leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
 Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar
kalawan cukup.
 Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
 Kandel kulit beungeut euweuh caer‫أ‬،.
 Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang
anu kudu nyanghareupan balukarna.
 Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung
ngagugulukeun panyerewedan.
 Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah
bari ambek ambekan sagala.
 Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
 Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
 Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
 Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya
di eta tempat.
 Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka
awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
 Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama
nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh
nu nyengker.
 Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena
hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
 Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean,
tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
 Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu
dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae,
sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
 Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
 Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
 Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui
harita keneh dilaksanakeun.
 Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki
dahar.
 Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung
loba rejeki.
 Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama,
lamun dagang terusterusan rugi bae.
 Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
 Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener,
tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
 Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy
dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok
kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
 Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
 Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu
mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun
ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
 Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
 Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu
saeutik.
 Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun man‫©أ‬h jeung
lingkungan anu anyar dicicingan.
 Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan,
kudu aya rasa curiga.
 Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
 Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak.
 Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
 Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti
ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
 Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
 Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
 Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya
nu jeneng cara ramana.
 Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
 Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
 Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku
kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
 Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit
ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu
puguh anu dijugjug.
 Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
 Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
 Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku
lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
 Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
 Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
 Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah,
jeung loba pertimbanganana.
 Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
 Leutik burih euweuh kawani.
 Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
 Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber
ku wawanen.
 Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan
leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah
sarerea.
 Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade
gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
 Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
 Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna
matak bingung nu dipapatahan.
 Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
 Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
 Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
 Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
 Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep)
hiji perkara anu taya pihasileunana.
 Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
 Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka
tempat bali geusan ngajadi.
 Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa
guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
 Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa
mangpaatna.
 Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
 Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu
bageur.
 Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa
pibahlaeunana.
 Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka
sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
 Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu
dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
 Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah
atawa loba kabutuh.
 Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu
alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
 Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay,
perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
 Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
 Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari
sumerah ka awewe.
 Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba
diberena.
 Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan
jelema nu euweuh.
 Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu
henteu gampang pihasileun.
 Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
 Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang
ngarah nagrinah karoroncodan.
 Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
 Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
pibekeleun hirup.
 Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal
ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur
mayit nutupan liang-liangan).
 Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di
hareupeun jalma loba.
 Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna
si a jeung si b pasea, parerea omong.
 Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah
moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
 Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada
mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
 Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa
ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
 Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
 Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus
nulungan ka urang.
 Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji
perkara.
 Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh
ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
 Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh
ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
 Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal
tarekah tapi teu hasil bae.
 Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
 Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug
kasusah nambahan deuih.
 Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang
kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
 Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana
meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
 Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena
teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
 Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng
supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
 Ngab‫©أ‬jaan bulu tuur Ngab‫©أ‬jaan jalma nu geus nyahoeun.
 Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa
kadeudeuh.
 Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul
tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu
perlu).
 Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan
ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
 Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang
nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
 Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa
dikurangan.
 Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku
anu boga imah jeung diajak dahar.
 Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan
hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
 Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho,
tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho
bae.
 Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
 Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu
lian.
 Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa
kajadian.
 Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida
banggana jeung sudah pihasileunana.
 Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab
hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
 Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan,
sieunan, kecing.
 Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal
kudu saidin anu boga.
 Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan,
supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
 Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa
dunungan.
 Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat
oge moal atawa henteu beubeunangan.
 Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
 Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup,
pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
 Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara
balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake
hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
 Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu
amit heula ka anu araya didinya.
 Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih
jeung kacilakaan atawa hukuman.
 Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
 Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
 Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu
geus ruksak.
 Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
 Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri
urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
 Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah
kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
 Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui
kasusahna.
 Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa
carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
 Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna,
euweuh nu mulya.
 Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
 Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
 Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
 Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae,
mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua
bae.
 Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
 Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya
jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
 Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa
kakayaan ka anu geus beunghar.
 Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan
atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
 Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu
sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
 Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
 Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit
kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek
dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
 Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa
pangartina.
 Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan
harti.
 Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol
bae datang.
 Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya
dipuji.
 Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk
geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup
mah ku urang sarerea bakal kasorang.
 Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
 Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun
hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
 Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
 Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
 Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
 Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep
reureujeungan jeung nu teu boga.
 Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
 Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina
dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
 Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
 Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
 Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
 Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta
timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
 Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik
luluhur, imeut pisan pancakakina.
 Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah
beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
 Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
 Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
 Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
 Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
 Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul
unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
 Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
 Pait daging pahang tulang Arang gering.
 Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
 Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki
nini-nini.
 Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
 Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
 Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
 Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana
barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
 Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal
kasorang.
 Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
 Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta
nyeta anu bodo.
 Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati
pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih
goreng.
 Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
 Po‫©أ‬k mongkl‫©أ‬ng buta rajin (atawa buta radin) Po‫©أ‬k pisan.
 Pondok jodo panjang baraya Saha og‫ ©أ‬jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
 Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan
memeh prak digawe.
 Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu
dipangnanggungkeun.
 Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu
ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
 Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
 Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga
kolot anu mepelingan ka urang.
 Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
 Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina
ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
 Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak
kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
 Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
 Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah
anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
 Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi
indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
 Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
 Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu
geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
 Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya
pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
 Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
 Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
 Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina
moal ngaluhuran guru.
 Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung
jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hat‫ ©أ‬ba‫©أ‬, tacan bruk-brak
 Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran
geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
 Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
 Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara
aya pacengkadan.
 Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
 Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
 Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
 Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
 Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara
baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
 Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki
ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
 Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab
loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
 Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung
cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
 Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur
pagawean pulisi).
 Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge
jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
 Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
 Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun,
tangtu bae ngambekna jadi tambah.
 Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana
 Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
 Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
 Silih jenggut jeung nu gundul M‫©أ‬nta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa
sarua papada henteu boga.
 Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
 Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro
meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
 Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
 Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
 Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta
bener.
 Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
 Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae
digelendeng atawa dicarekan).
 Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu
hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
 Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
 Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh
tatalang ka nu susah.
 Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
 Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
 Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
 Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
 Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
 Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
 Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
 Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran
atawa ciciren.
 Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya
goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
 Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
 Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka
anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
 Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah
jeung baruk.
 Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
 Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
 Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing
loma sabab balukarna alus pisan.
 Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka,
teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
 Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa
geus salah atawa boga dosa.
 Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa
karoroncodan.
 Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung
dedengean.
 Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka
diri urang.
 Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng
atawa dicarekan.
 Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
 Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
 Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung
kasusah nu leuwih gede.
 Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu
saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari
keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
 Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti
ka nagara.
 Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur
napsu.
 Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah
ahirna.
 Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu
dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
 Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning
henteu atawa tacan boga pakaya.
 Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka
pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila
beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
 Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila
beuki nyaah.
 Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa
jurig, dedemit.
 Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
 Ulah leutik hat‫ ©أ‬Ulah sieun atawa putus pangharepan.
 Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina
purwadaksina Kudu nuturkeun ‫©أ‬tika anu aya.
 Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape
ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
 Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
 Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
 Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
 Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus
jeneng.
 Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
 Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa
kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
 Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
 Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
 Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok
diturunkeun ka anak incuna.
 Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
 Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.

 SUNDA GENZOELE
 Kamis, 22 Oktober 2009
 BABASAN jeung PARIBASA
 BABASAN JEUNG PARIBASA BASA SUNDA

1) Abang-abang lambé : beureum biwirna wungkul, ukur ngangeunahkeun haté nu


séjén.
2) Abis bulan abis uang : panghasilan (gaji) anu pas-pasan, ngan cukup sabulaneun-
sabulaneun.
3) Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan : jelema anu ngomongna
sakarep-karep (ngomong teu direujeung wiwaha).
4) Atah adol : kurang ajar.
5) Ngadu angklung : papaduan, paréa-réa omong nu taya gunana.
6) Kawas aeud : nya goréng budi nya bangor.
7) Nété akar ngeumbing jangkar : sésélékét, nyorang jalan rumpil.
8) Aku-aku angga : miboga barang batur.
9) Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang : ngeungkeuy
panjang pisan.
10) Teu nyaho di alip bingkeng : buta hurup.
11) Along-along bagja : teu tulus meunang bagja.
12) Ilang along : katuaanana, kakurangaanana, sok dipaké dina nyerahkeun.
13) Geus turun amis cau : geus ngankat berég (begér).
14) Matak andel-andeleun : matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu
nitah.
15) Nyieun piandeleun : nyieun piheueuh, ngatur carita bohong ngarah percaya.
16) Diangeun careuhkeun : diantep henteu didahar.
17) Angges-anggeusan : bébéakan.
18) Selenting bawaning angina, kolépat bawaning kilat : nurutkeun kabar angin.
19) Atah anjang : arang nganjang.
20) Beuteung ajingeun : beuteung anu bangunna kawas beuteung anjing.
21) Ngantos-ngantos awuh : geus deukeut kan ajalna.
22) Turunan tumenggung sundung, patih arit : pamoyok ka ménak turunan somah.
23) Pasrah arit : pasrah teu terus jeung hate.
24) Leleyep asu : acan saré enya.
25) Atah warah : warah.
26) Atat-utu, jelema teu nyaho di ata-utu : jelema taya kanyaho.
27) Atung-atung énéh, atung énéh atung énéh : kitu-kitu kénéh.
28) Awak sampayan : jangkung leutik, lenjang, jangjing.
29) Pucuk awian, lir awi suméar di palir : pula-pilu, plin-plan.
30) Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang : nuduhkeun kaayaan nu
henteu sawajarna.
31) Ayeuh ngora : tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
32) Hambur bacot, murah congcot : babari nyarékan, tapi béréhan.
33) Misah badan misah nyawa : teu sarua, béda sagala rupana.
34) Awak kawas badawang : jangkung gedé teu matut.
35) Bosongot badé amprotan : pilkagimireun, pasemon jagoan.
36) Kacekel bagal buntutna : katéwak luluguna.
37) Kawas kedok bakal : goréng patut pisan.
38) Jelema teu balég : jelema teu bener
39) Baleg tampélé : mangkat begér, wani ditukangeun, ari diherupeun éra kénéh.
40) Ulah lincah baliliahan : ulah pindah pamatuhan.
41) Malikkeun pangali : neruskeun carita nu katunda.
42) Tibalik pasangan : lain kitu kuduna, tojaiah jeung aturan nu bener.
43) Babalik pikir : robah lampah jadi hade.
44) Matak pabalik latah : diomongkeun ka budak nu paméréna dipénta deui.
45) Jelema balung tunggal : jelema bedas pisan.
46) Ngahurun balung ku tulang : nagkeup tuur nandakeun keur bingung atawa susah.
47) Balungbang timur jalan gedé sasapuan : iklas, beresih hate.
48) Geus labuh bandéra : geus diputus (perkara).
49) Kacanir bangban : kawiwirangan, meunang kaéra.
50) Bangbang koléntang : sagala euweuh, teu boga duit pisan.
51) Ginding bangbara : resep gigindingan jeung royal ngarah katénjo ku batur, tapi ari
di imah kekéréhét.
52) Kumis bangbara ngaliang : kumis anu nyeseg kana liang irung.
53) Nepung-nepung bangkelung : ngaraketkeun babarayaan ku jalan bébésanan.
54) Ngabuntut bangkong : teu bisa mere katerangan nepi ka écés (babias) pisan atawa
teu sanggup nganggeuskeun pagawéan.
55) Babanténg jurit : pamanggul jurit.
56) Banting tulang : digawé popohoan.
57) Satalén tilu baru : sarua, kitu-kitu kénéh.
58) Sabata sarimbagan : sauyunan.
59) Seuseut batan neureuy keueus : kacida seuseutna (héséna).
60) Tarik atah batan mimis : tarik pisan.
61) Tamplok-batokeun : loba teuing dibikeunan, dipaké babagi, ari sorangan teu
kabagéan.
62) Batok kohok piring semplék : paparabotan nu taya hargana.
63) Gurat batu : kukuh.
64) Teu nyaho dihitut bau : tacan bisa ngabédakeun hadé jeung goring (budak).
65) Bau-bau sinduk : baraya kénéh, sanajan geus laér.
66) Taya ka bau : sagala daék, sagala beuki.
67) Gindi piker belang bayah : goring hate.
68) Kawas bayah kuda : belél pisan.
69) Kawas nu dipupul bayu : taya tangan pangawasa.
70) Dibawah tangan : teu maké saksi ti pihak resmi.
71) Ngulit bawang : ipis, henteu terus kana hate.
72) Ambekna sakulit bawang : babari ambek.
73) Moal mundur satunjang béas : teu sieun (gimir) saeutik-eutik acan.
74) Dibéjér-béaskeun : diécéskeun, ditétélakeun, dijénjtrékeun.
75) Teu béja, teu carita : teu mere (ngirim) béja pisan.
76) Béngkok tikoro : teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran teu datang atwa geus
béakeun mantén.
77) Siga béntang kabeurangan : geulis pisan.
78) Keur béntang surem : keur apes.
79) Jaman bedil sundut : jaman baheula.
80) Kawas anu teu dibedong : kaluar asup tara meundeutkeun panto.
81) Jauh ka bedug : dusun.
82) Ngomong sabedug sakali : arang ngomong.
83) Kokolot begog : ngomong teu merenah kawas kolot (dilarapkeun ka udak atawa
budak ngora).
84) Belang bayah : goréng hate, sérong.
85) Kumah ceuk nu dibendo baé : kumaha ceuk nu pangagung baé.
86) Nyeri beuheung sosonggéteun : geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
87) Kawas beubeulahan térong : sakarupa pisan siga nu kembar.
88) Kawas beusi atah beuleum : geuneuk (beungeut jalma nu kacida ambekna).
89) Kawas maung meunang : biwirna lamokot beureum ku luah.
90) Kandel kulit beungeut : teu boga kaéra.
91) Beurat nyuhun beurat nanggung : kacida tumarimana, nuhun pisan.
92) Bur beureum, bur hideung hurung nangtung siang leumpang : hirup senag taya
kakurang, salilana ginding.
93) Rék dibeureum rék dihideung gé pasrah kuring mah : rék dikumaha-kumaha ogé
pasrah.
94) Beuteung anjingeun : beuteung anu gedé ka luhur.
95) Dibeuweung diutahkeun : dipikir bulak-balik.
96) Beuweungeun, rambay alauen (hakaneun) : ma’mur, loba dahareun.
97) Teu nyaho di alip bingkeng : teu bisa maca jeung nulis buta hurup.
98) Hampang birit : daékeun.
99) Asa dipupuk birus : ngarasa tibra hate.
100) Biwir nyiru rombéngeun : resep nyaritakeun cécék bocék jeung nu saenyana
kudu dirahasiakeun.
101) Jadi sabiwir hiji : padangalem, padamuji kahadéanana.
102) Abong biwir teu diwengku : sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan.
103) Bobo sapanon carang sapakan : teu puguh undak usukna teu bérés éntép-
seureuhna.
104) Mobok manggih gorowong : kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun
karepna.
105) Bobot pangayon timbang taraju : pangadilan, timbangan anu adil.
106) Bodo aléwoh : bodo tapi bari daék tatanya.
107) Bodo katoloyoh : bodo bari tara daék tatanya atawa tara daék nurut kana naséhat
batur.
108) Nénéh bonténg : ngogo ka budak tapi ari ambek gamapang neunggeul.
109) Naheun bubu pahareup-hareup : pahutang-hutang, nepi ka pada kagoknagih
(pihutangna).
110) Kawas lauk asup kana bubu : hésé kaluar deui tina salasahiji lingkungan atawa
organisasi, lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan.
111) Asa bucat bisul : ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat
atawa sanggeus lesot tina kasusah.
112) Ngabudi ucing : kawas nbu teu karep, api-api teu haying, padahal ngasdagoan
batur bongoh.
113) Kawas bueuk beunang mabuk : ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran
rumasa boga dosa.
114) Jadi cikal bugang : pangheulana kasambut di pangparengan.
115) Naggung bugang : ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
116) Leutik ringkang gedé bugang : sipat jelema, upama maot loba urusanana,
sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
117) Kawas bujur aseupan : diuk teu daék cicing.
118) Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan : rido pisan.
119) Murag bulu bitis : bitis.
120) Teu kaur buluan : teu kaur aya kaboga, beak deui.
121) Ngabéjaan bulu tuur : ngabéjaan ka nu geus nyaho.
122) Kawas dodol bulukan : kulit hideung diwedakeun teu rata.
123) Nyolok mata buncelik : nyarita atawa ngalakukeun hal nu matak teu ngeunah ka
salah saurang atawa sagolongan anu aya di dinya.
124) Buncir leuit loba duit : beunghar.
125) Siga bungaok : goréng patut pisan.
126) Ruas bungbas : tara aya kaseubeuhan beuteung.
127) Sabuni-buni nu ngising : sanajan dibuni-buni (dirahasiakeun), pagawéan séorang
mah awal ahir sok kanyahoan.
128) Buntu laku : teu bisa neruskeun usaha (pagawéan).
129) Ngodok liang buntu : geus hésé cape, ari pék teu hasil, saba aya nu ngahalangan.
130) Haying untung jadi bunting : tinimbang untung kalah rugi.
131) Buntut kasiran : korét, kumed.
132) Aya buntutna : aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
133) Katempuahn buntut maung : katempuhan kasusah atawa urusan batur.
134) Kawas anjing tutung buntut : ijigimbrang teu daék cicing, boh lantaran atoh
(bungah), boh lantaran susah.
135) Aya pikir kapingburi : aya pikir atawa rasa anu timbul pandeuri.
136) Leutik burih : leutik hate, borangan.
137) Buburuh nyatu diupah béas : diajar bari meunang tunjangan meunang dua rupa
kauntungan.
138) Buruk-buruk papan jati : sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya
nu landes, ari manéhna meunang kererepet mah, teu weléh haying nulungan jeung
ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep.
139) Burung palung dulur sorangan : saharti jeung buruk-buruk papan jati.
140) Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan: nanggap carita gedebul rahul
atawa nu “ngecap” kawas nu heueuh, malah dihaja sina leuih ngabuih.
141) Teu ngalarung nu burung teu nyésakeun nu édan: ngalajur napsu sahwat
satakerna geus teu pipilih deui.
142) Ngaburuy : nyaneut teu make lalawuhna.
143) Buta térong : pamoyok ka jalma nu giréng patut, turug-turug sagala beuki.
144) Caang padang narawangan : panganteb kana caang piker.
145) Cacag nangkauen : henteu bérés atawa henteu alus, lantaran mindeng ditunda
tuluy dihanca deui (pagawéan atawa carita).
146) Jaman cacing dua saduit : jaman baheula pisan.
147) Teu meunang cai atah : teu dipangmeunangkeun.
148) Henteu cai hérang-hérang acan : teu disuguhan naon-naon.
149) Bisi aya ti cai ti geusan mandi : bisi aya kasigeung atawa katoél, mamaras
rasana.
150) Gurat cai : teu puguh jangjina, sok robah tangtungan.
151) Hérang caina beunang laukna : hasil maksud ku jalan badami, henteu ku paksa-
pirusa.
152) Kumaha kecebur caina, geletuk batuna baé : kumaha béhna, kumaha engké baé.
153) Sieun nyakclak jadi bahé : saharti jeung sieun képlok blok titamplok, sieun rugi
saeutik, tapi tungtungna jadi lapur.
154) Campaka jadi di reuma : nu geulis urang lembur atawa kampong, lain
pipanteseunana aya di pasisian.
155) Geura mageuhan cangcut tali wanda : geura saged pikeun bajoang.
156) Sacangreud pageuh sagolék pangkék : sagala omonganana ditedunan tara jalir
jangji.
157) Meungpeung carang : api-api teu katénjo atawa api-api teu nyaho, padahal
kuduna mah jadi urusan.
158) Langsung saur bahé carék : nyarita teu merenah, matak nyentug kana haté batur.
159) Kawas careuh bulan : nu diwedak kandel teuing.
160) Awéwé mah tara cari ka Batawi : awéwé mah teu kudu usaha (digawé) ka nu
jauh, cukup ngawulaan salaki.
161) Wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang : nyorang wiwirang gedé.
162) Geus turun amis cau : geus témbong kawanitaanana, geus mangkat begér, mun
hayam jago, geus mangkat begér, mun di hayam jago, geus bijil bulu mayang.
163) Siga Si Cépot : goréng patut.
164) Si Cépot jadi raja : jalma euweuh kabisa jadi pamingpin atawa jadi kapala.
165) Kaceluk ka awun-awun : kawentar ka aman-mana
166) Ceuli léntaheun: sadéngé-déngéna, sanajan lain déngékeuneunana.
167) Moal ceurik ménta eusi : sanajan mawa wadah gedé, lain haying di béré loba.
168) Teu dibéré ciatah : teu dilogo, dicarékan.
169) Ciduh jeung reuhak : sarua goréngna atawa sarua adatna (jelema).
170) Saciduh metu saucap nyata: sakti mandraguna, bisa nagbuktikeun sagala rupa
omonganana.
171) Kuru cileuh kentél peujit : ngurangana saré, nguranagan dahar, lanataran aya nu
dimaksud.
172) Cirri sabumi, cara sadésa: cara, ditalingakeun lantaran kungsi boga lampah
goréng.
173) Clik putih clak hérang : rido, iklas, kaluara tina hate anu bereesih.
174) Liang cocopét : tempat leutik hara-haraeun.
175) Kawas cucurut kaibunan : giréng patut sarta pikarunyaeun (jelema).
176) Geus cueut ka hareup : geus kolot, geus liwat tengah tuwuh.
177) Tara néangan nu ngising : nu hayang ditulungan sapantesna datang ka nu (rék)
dipéntaan tulungna.
178) Aya cukang komo meuntas : eukeur mah aya maksud, ari hég aya alesan, atuh
ngeunaheun.
179) Cukup belengur baraganaya : resep mere ka batur bari teu ngingetkeun kaperluan
sorangan.
180) Kalapa bijil ti cungap : muka rasiah soranagn kalawan teu dihaja.
181) Bumi tacan nyungcung : moal waka eureun-eureun aya parobahan, moal téréh
kiamat.
182) Uarang curung ngebul : jalama dusun tin u jauh pisan ka kota.
(D)
183) Dah bawang, dah kapas : jual-beuli kontan, tah barangna, tah duitna.
184) Poho ka purwa daksina : pindah pileumpangan, robah adapt jadu gedé hulu.
185) Nyieun catur taya dapur : ngarang carita teu puguh galurna.
186) Aya bagja teu daulat : meunang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa teu tulus
meunang bagjana.
187) Sakésér daun : babari lapar deui (budak).
188) Ngadaun ngora : némbongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman jaman
mundur (dérah atawa kota).
189) Éléh déét : sanajan teu sapuk jeunbg hate kapaksa nyaluyuan kahayang batur,
lanataran karunya.
190) Béak déngkak : geus béak tarékah.
191) Bojo dénok, sawak ledok : hirup senang, lantaran boga pamajikan tegep banda
cukup.
192) Jual dedet : ngajual barang satenfgah maksa.
193) Deukeut deuleu pondok léngkah : kurang pamandangan jeung teu pati bebas dina
indit-indit (awéwé baheula umumna).
194) Deukeut-deukeut anak taleus : sakitu padeukeut, teu nyaho yén aya kajadian
penting di salah saurang antara maranéhanana.
195) Dihin pinasti anyar pinaggih : sagala rupa nu kaalaman ayeuna saéstuna geus
ditangtukeun ti heula ku pangéran.
196) Teu didingding kelir : diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding.
197) Kawas dodol bulukan : bebungeut hideung diwedakan teu rata.
198) Ninggalkeun hayam dudutaneun: ninggalkeun pagawéan nu can anggeus, keur
kapalangna pisan.
199) Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa: digawé beurat taya eureunna.
200) Kaduhung tara ti heula : ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samémé
migawé kasalahan; nu matak kudu ati-ati ulah nepi ka ahirna ngarasa kaduhung.
201) Mata duiteun : piduit pisan, kasengsrem ku duit.
202) Awéwé mah dulang tinandé : awéwé mah biasana kumaha kahayang lalaki.
203) Keur meujeuhna bilatung dulang: keur meujeuhna, parabaneun (barudak).
204) Nyaah dulang : nyaahna (ka anak) nagn ngurus dahar-pakéna baé, henteu
merhatikeun atikanana.
205) Ngareuntaskeun dungus: kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur padangora dina
umur pakokolot.
206) Kawas durukan huut: pibayahaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gedé.
207) Jéngkol aya usumna : pikeun nyindiran nu loba ékol.
208) Éléh déét: ngéléhan manéh ka sahanadapeun nu tuna (déét) luang
panagalamanana, lantaran karunya, nyaah atawa kasaluhureun.
209) Teu elok teu embol: teu tembonfg-tembong, teu katénjo datang atawa balik.
210) Disuhun dina embun-embunan : ditarimakeun pisan.
211) Teu embut teu ciak : teu daek mere béja saeutik-eutik acan.
212) Mucuk eurih : léncop kawas pucuk eurih (ramo/kuku awéwé).
213) Kawas gaang katincak : répéh sapada harita, ngadadak jempling lantaran reuwas
atawa embung kadéngé kun u anayar datang (nu keur ngobrol atawa kakawihan).
214) Nyoo gado : ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat.
215) Laér gado : sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
216) Jauh-jauh gagang : hanas jauh-jauh ogé dijug-jug, ari pék teu hasil nu dimaksud.
217) Galagah kacaahan : nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
218) Leutik-leutik ngagalatik : jelema leutik, tapi wanian.
219) Galégéh gado : gado.
220) Igana ragas kawas gambang : kacida kuruna nepi ka kaciri tulang-tulang igana.
221) Gancang pisan : pagawéan atawa kalakuan nu anggeusna gancang, tapi hasilna
teu hadé.
222) Aya gantar kakaitan : ayah al anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun,
henteu iklas pisan.
223) Kawas gateuw : teu bisa liar, lantaran kasakit atawa geus rérémpo, tapi ari awak
lintuh.
224) Cape gawé teu kapaké : hanas capé, ari hasil pagawéanana dicawad kun u nitah.
225) Teu gédog pangkon : teu robah tangtungan atawa cecekelan.
226) Nyium bari ngégél : muji tapi tuluyna aya pangarahanana.
227) Teu gedag bulu salambar : teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman nu jadi
lawan.
228) Rubuh-rubuh gedang : ka (barudak) nu diajar salat berjamaah (amum) kakara
nurutan ruku sujudna wungkul.
229) Kumaha geletuk batuna kecebur calna baé : kumaha béhna baé, kumaha engké.
230) Gemah ripah loh jinawi : gegek cacah jiwana sarta raharja.
231) Taya genah panasaran : teu nagndung hate, geus ngarasa puas.
232) Genténg-genténg u;ah potong : sanajan hasilna teu sabaraha keun baé tinimbang
luput. Sanajan gering ripuh, muga-muga ulah nepi ka maot, sing cageur deui.
233) Getas harupateun : babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
234) Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang : asal
beunghar jadi miskin, teu boga naon-naon nu aya hargana.
235) Ginding kekempis : ginding tapi teu boga duit.
236) Hade gogog, hade tagog : hadé basa hadé tata.
237) Nya ngagogog nya mantog : nitah digawé ka batur bari prak ku sorangan atawa
indit sorangan pikeun nguruskeun hiji perkara, lantaran teu bérés.
238) Sagolék pangkék sacangreud pageuh : beunang dipercaya caritana, tara jalir
jangji.
239) Goong saba karia : nu datang sorangan ka nu kariaan, teu kakarana diondang
atawa dicorok gawé malar katitah nagarah milu seubeuh (barangdahar).
240) Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genténg belokeun :
masrahkeun diri pikeun dihukum lanataran rumasa dosa.
241) Asa kagunturan madu : asa kacaahan madu, kacida atohna.
242) Hampang birit : daékkan dititah.
243) Hamapang leungeun : babari neunggeul.
244) Handap asor : daék ngahormat ka batur.
245) Handap lanyap : hormat tapi matak nyentug kana hate.
246) Hapa héman : taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan.
247) Hapa hui atawa kapahui : teu jamuga.
248) Haréwos bojong : omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku ju deukeut ka nu
diharéwosan.
249) Harigu manukeun : nonjol ka hareup hariguna (jelema).
250) Haripeut ku teuteureuyeun : totorosol pisan kana urusan pirejekian.
251) Getas harupateun : getas.
252) Haseum budi : leuwih loba baeud jeuntg camberut tibatan seuri atawa
marahmay.
253) Hawara biwir : resep ngabéja-béjakeun perkara anu tacan tangtu bakal
dilaksankeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.
254) Caréham hayameun : iwal tikoro kotokeun.
255) Hejo tihang : resep pipindahan atawa ganti-ganti pagawéan.
256) Sahérang-hérang cibéas : jalma ni geus meunang kanyeri, haténa moal beresin
pisan, sanajan di luarna hade.
257) Heunceut ucingeun : babari reuneuh.
258) Heuras genggerong : teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan.
259) Heureut pakéan : teu réa kaboga, saeutik panagasilan.
260) Kahieuman bangkong : siga beunghar lanataran katitipan banda batur.
261) Inggis batan maut hinis : kacida inggisna atawa paurna.
262) Hirup ku ibun gedé ku poé : sasat euweuh nun gurus, hirup kalantar.
263) Beulah hoéan : siga dibeulah hoé (tonggong munding nu lintuh pisan).
264) Huap hiji diduakeun : ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa
nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan.
265) Ngarah sahuapeun sakopeun : usaha leuleutikan, néangan rejeki saharitaeun.
266) Hujan cipanon : loba ceurik.
267) Nepi ka nyanghulu ngalér : nepi ka maot (dikubur).
268) Asa nyanghulu ka jarian : teu ngeunah rasa, lantaran kudu ngadunungan ka jalma
nu sahandapeun panagrtina atawa harkat darajatna.
269) Hulu peutieun : leutik teuing sirah mun dibandingekun jeung awakna.
270) Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu : kacida bodona.
271) Teu di hurang, teu di keuyeup : parasaan mah teu di kuring (cacah), teu di ménak
sarua baé.
272) Hurip gusti waras abdi : jaman feudal raja senang sarta mulya rayat cageur.
273) Dihurun suluhkeun dikompét daunkeun : disamarutkeun jeung nu boga dosa.
274) Hutang uyah bayar uyah : biasana sok diteruskeun.
275) Hutang hatong : satengah heureuy, nyapirakeun kana (boga) hutang, daék bayar,
henteu entong.
(I)
276) Kawas cucurut kaibunan : cucurut.
277) Boga sawah saicak : (litotes) boga sawah saeutik.
278) Asa dina sawah pangimpian : rarasaan keur ngimpi baweaning ku hélok, padahal
keur nyaring.
279) Indung hokum bapa darigama : papagon agama jeung nagara.
280) Indung suku gé moal dibéjaan : niat pageuh nyekel rasiah (baraya nu landes ogé
moal dibéré nyaho).
281) Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : nyaksian sorangan lain béja.
282) Ipis biwir : épés méér, babari ceurik.
283) Ipis wiwirang : kandel kulit beungeut, kurang kaéra.
284) Jadi sabiwir hiji : jadi omong (carita).
285) Jadi sendén kalémékan : jadi tungtung saur.
286) Loba jaksa : loba teuing nu mere timbangan atawa naséhat.
287) Kawas jaksi sajantung : rupa bitis anu alus.
288) Jaman cacing dua saduit : waktu nu geus lila kaliwat baréto pisan.
289) Kawas hideung pateuh jangjang : méh teu bisa walakaya lantaran teu boga nu
bisa diandalkeun.
290) Nété akar ngeumbing jangkar : nyorang jalan nu tarahal.
291) Lindeuk japati : siga lindeuk tapi linghas, bisa mere budi manis tapi teu beunang
dipaké kaheureuyan (wanita).
292) Budak bau jaringao kénéh : budak olol lého, budak can aya kanyaho.
293) Buruk-buruk papan jati : sanajan boga dosa, dina seuseuhanana mah ka baraya
(ka dulur) moal téga ngantep upama aya karerepetna.
294) Jauh tanah ka langit : kacida pisan bédana atawa moal kajadian.
295) Jauh ka bedug, carang ka dayeuh : dusun, teu nyaho di tata adapt.
296) Matak pajauh huma : matak teu silih pikanyaah, tara silihbéré rejeki.
297) Kajejek ku hakan : hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
298) Ngajerit maratan langit, ngacéak maratan mega : ngajerit tarik pisan.
299) Jiga tunggul kahuru : goréng patut.
300) Henteu jingjing henteu bawa : henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka nu
dijugjug.
301) Aya jodo pakokolot : bisa ngajodo sanggeus padakolot.
302) Kawas jogjog mondok : cékcok, récok, gandéng kun u bareng ngaromong
pabedas-bedas.
303) Asa dijual payu : cuang-cieung ditinggalkeun dipanyabaan kun u ngajak ka
dinya.
304) Pa anteur-anteur julang : bulak-balik silihanteurkeun.
305) Moal néangan jurig teu kadeleu : moal nyangka ka saha-saha deui boga dosana
lantaran geus teg ka si anu, tur aya buktina.
306) Kawas kacang ninggang kajang : norostos, capétang, bedas (nu pidato atawa nu
nayrékan).
307) Kaceluk ka awun-awun : kamashur ka mana-mana.
308) Teu sanak teu kadang : teu boga baraya pisan.
309) Ngembang kadu : olohok.
310) Kabawa ku sakaba-kaba : kabawakeun teu puguh lampah ku batur,
kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
311) Ginding kakampis : ginding tapi teu boga duit.
312) Embung kakalangkangan : embung kaéléhkeun.
313) Teu nyaho di kalér kidul : kapaider, linglung.
314) Batur ngalér ieu ngidul : lain-lainna deui jeung anu keur diomongkeun ku batur,
lantaran saliwang atawa teu pati ngarti (caritaan salahsaurang nu keur ngariung).
315) Réa rambat kamaléna : réa jungjang karawatna (perkara), iwal jungjang.
316) Miyuni hui kamayung : teu payaan, katodél saeutik buruk (ngambek).
317) Caringcing pageuh kancing : taki-taki mageuhan tulak jste.
318) Kandel kulit beungeut : kurang atawa taya kaéra.
319) Ngandung hatè : ngunek-ngunek.
320) Dah bawang dah kapas : iwal bawang.
321) Tibatan kapok, anggur gawok : henteu kapok malah anggur ngahanakeun.
322) Kawas ucing kumareumbi : sagala dicabak, sagala dicekel kawas ucing keur
kumincir.
323) Katindih ku kari-kari : kasangka atawa katuding, pédah aya patalina jeung
kajadian nu jadi perkara.
324) Buntut kasiran : korét.
325) Asa pingges leungeun katuhu : rarasaan upama ditinggalkeun ku jalma anu
pohara nalangna ka urang dina pagawéan sapopoé.
326) Muriang teu kawayaan : asa muriang lanataran kaédanan.
327) Kawas nu kékéd : teu bisa barang bawa.
328) Miyuni hayam kabiri, kuméok méméh dipacok : beresét, euweuh kawani.
329) Ulah sok ngéok méméh dipacok : ulah sok ngarasa horéam ku pagawéan, méméh
dicoba.
330) Ngéplék jawér ngandar jangjang : iwal kandar.
331) Daharna sakésér daun : daharna mindeng pisan (budak).
332) Sakecap kadua gobang : babari ngambek jeung babari ngdaék (raja jaman
baheula dina dongéng).
333) Kawas kedok bakal atawa kawas kedok rautaneun : kacida goréng patutna kawas
kedok nu can anggeus.
334) Pariuk manggih kekeb : nyétél, nu goréng patut meunangkeun nu goréng sopak.
335) Jadi ke,mbang carita : jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan-riungan.
336) Geus aya kembang-kembangna : geus ayah al-hal anu nimbulkeun harepan kana
hasil maksud.
337) Tugur tundan hujan poék ngarit kemit enggeus : sagala rupa paréntah geus
dilakonan.
338) Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan : ngahaminan carita nu rahul
sina beuki maceuh.
339) Kuru cileuh kentél peujit : ngurangan saré jeung ngurangan dahar, tirakat.
340) Dikepung waktu buaya mangap : dikepung ku musuh nu samakta pakarangna.
341) Réa ketan réa keton : loba pare (dahareun) jeung loba duit, taya kakurang.
342) Kakeueum ku cai togé : éléh pisah ku pamajikan nepi ka dipangnyéléwérkeun
cicing baé.
343) Seuseut batan neurey keueus : seuseut seuat, kacida héséna ngahasilkeun
maksud.
344) Nété akar ngeumbing jangkar : sagala usaha ngahasil
345) Akar nété porot ngeumbing lésot : sagala usaha teu hasil.
346) Keuna ku lara, teu keuna ku pati : bisa jadi éléh atawa tatu, tapi moal maot.
347) Kudu bisa ngeureut pakeun : kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapat.
348) Asa kiamat : pohara nagarasa susahna jeung sedih luar biasa.
349) Lain palid ku cikiih : lain jelema sakaba-kaba.
350) Ngijing sila bengkok sembah : teu satia kadunungan.
351) Ti kikirik nepi ka jadi anjing : ti bubudak nepi ka sawawa.
352) Ngarangkay koja : mimiti hade, lila-lila jadi goréng.
353) Luhur kokopan : ku maki.
354) Kokoro nyénang : nu kakara beunta boga, make atawa ngalarapkeun barang lain
dina perenahna.
355) Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam :kacida malaratna.
356) Kokoro manggih Mulad, puasa manggih lebaran : kokomoan dina waktu aya
rejeki.
357) Teu asup kolem : teu asup bilangan, teu kaaku kana golongan éta.
358) Kolot kolotok : kolot euweuh kanyaho, kosong tina élmu pangaweruh.
359) Dikompét-daunkeun : dihurunsuluhkeun, disamarutkeun jeung nu boga dosa
atawa jeung sabagian nu teu aleucreug.
360) Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk : ti bubudak nepi ka bongkok ku kakoloton.
361) Meunang kopi pait : digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
362) Moal nyapék mun teu ngoprék : saréatna moal barangdahar (moal meunang
rejeki) mun teu usaha.
363) Peujit koréseun : isuk-isuk kénéh kudu geus dahar atawa barang dahar, elat
meueusan sok nyelengit beuteung.
364) Jaman tai kotok dilebuan : jaman buhun.
365) Tikoro kotokeun, caréham hayameun : iwal hayam.
366) Nepi ka pakotrék iteuk : nepi ka padakolot pisan (nu awét laki-rabi ti keur
padangora).
367) Kujang dua pangadékna : usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan atawa
éwé-salaki nu pada-pada boga pangasilan.
368) Kukuh Ciburuy : teu beunang dionggét-onggét, teu daék nurut kana paham batur
nu leuwih bener.
369) Kulimis kawas cucurut kaibun : goréng patut jeung matak pikarunyaeun.
370) Kandel kulit beungeut : teu boga kaéra.
371) Tinggal tulang jeung kulit : kacida begangna (nu gering ripuh).
372) Ambekna sakulit bawang : babari ambek rosa.
373) Kur’an butut : dilarapkeun ka turunan ménak geus kolot, euweuh kaboga, tapi
masih kenéh gumedé.
374) Lésang kuras : teu bisa nyésakeun rejeki teundeunan.
375) Kakurung ku entik : teu kaasup kana jumlah jelema nu kudu disuguhan atawa
dibéré dahar.
376) Anak tilu keur kumusut : upama geus boga anak tilu, awéwé nu teu bisa ngurus
awak katénjona sok karusut, geus teu pati luis.
377) Kawas kuuk : ngedeng morongkol.
378) Sono bogoh geus kalakon, lara wiring geus kasorang : geus cukup pangalaman
ngarasakeun suka-duka.
379) Dijieun lalab-rumbah : dimomorékeun, teu diajénan, dianggap teu sabaraha.
380) Sibanyo laleur : ledis, teu nyésa saeutil-eutik acan (susuguh).
381) Kawas hayam lamba : bérését (jelema).
382) Kawas langit jeung bumi : pohara bédana.
383) Hutang salaput hulu : loba pisan hutang nepi ka samara bisa kabayar.
384) Teu nyaho di lauk : teu nyaho naon nu bakal matak untung.
385) Moal jauh laukna : moal hésé piuntungeunana.
386) Kawas lauk asup kana bubu : teu bisa mundur (ngundurkeun diri), deui, lantaran
geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
387) Kasép ngalénggéréng konéng : nya kasep nya ginding.
388) Ngalénghoy kawas macan teu nangan : leumpang alon tapi alus katénjona
(awéwé nu lenjang).
389) Lengkah kapiceun : nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil.
390) Kasép ngalénggéréng konéng : nya kasép nya ginding
391) Ngalénghoy kawas macan tenangan : lempang alon tapi alus katénjona (awéwé
nu lenjang)
392) Léngkah kapiceun : nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil
393) Lain lantung tambuh laku,lain léntang tanpa béja : lain indit-inditan teu puguh nu
dimaksud,tapi aya picaritaeun anu penting
394) lésang kuras : teu bisa nyésakeun rejeki keur pikahareupeun,sok béak-béak baé
395) pabalik lètah : barangbèrè dipènta deui
396) heurin ku lètah : teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur,lantaran bisi aya
matakna ka ditu,ka dieu
397) abong (kèna-kèna) lètah teu tulangan : ngomong teu adeuh,kajeun matak teu
ngeunah ka batur
398) lètah leuwih seukeut manan pedang : raheut hatè ku omongan leuwih peurih
karasana ti batab raheut (tatu) biasa
399) manan lèwèh mending walèh : tinimbang matak susah sorangan. Mending
nyarita satarabasna.
400) hayang leuwih jadi lèwèh : haying untung kalah rugi
401) leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana : leungit euweuh urutna. Teu puguh
sababna, teu matak kaharti.
402) sakuru-kuruna lembu, saregèng-regèngna bantèng : sateubogana (samalarat-
malaratna) nu jeneng luhur atawa urut benghar
403) sapi anu ka bantèng : awèwè nurutkeun salaki
404) buncir leuit loba duit : taya kakurang
405) leumpang sakaparan-paran atawa leumpang nurutkeun indung suku : leumpang
(nyaba) teu puguh nu dijugjug
406) hampang leungeun : resep teuteunggeul
407) panjang leungeun : cocorokot, sok pulang-paling.
408) tiis leungeun : jadian pepelakan
409) teu kaleungitan peuting : tacan kajadian salaki sapeuting jeput euweuh di imah
(ciri-ciri teu mangduakeun)
410) leuweung ganggong simagong-gong, leuweung si sumenem jati : leuweung
geueuman pikakeueungeun
411) najan dibawa kana liang cocopèt, moal burung nuturkeun : dibawa kamana-mana
ogè daèk (awèwè ku salakina)
412) salieuk bèh : sagala nyampak taya kakurang
413) ngdeupaan lincar : deupa
414) kawas anjing kadempèt lincar : anjing
415) lindeuk japati : siga lindeuk tapi linghas, upama dideukeutan enya-enya, ngejat
(parawan)
416) ngalintuhan maung kuru : nèangan pibahayaeun
417) urang kampung bau listing, cacah-rucah atah warah : jelema dusun
418) gemah ripah lohjinawi : gemah
419) kawas nu meunang lotrè : meunang rejeki gedè (duit) nu teu disangka-sangka.
420) geus apal luar jerona : geus nyaho kana kalakuan jeung tabèat jalma (lahir-
batina)
421) Luhur kokopan atawa luhur pamakanan : gumedè, pangkat luhur, pangkat anu
gedè kakawasaanana
422) Kapiheulaan ngaluluh taneuh : hudang kabeurangan
423) Lungguh tutut bodo kèong, sawah sakotak kaider kabèh : siga lungguh katènjona
padahal bangor
424) Asa kagunturan madu, kaurugan menyan putih : kacid bungahna jeung ngarasa
bagjana
425) Nista, maja, utama : sakali kurang hade, dua kali meujeuhna atawa sedeng, tilu
kali cukup.
426) Teu aya geuneuk meuleukmeuk : beresih hate teu ngunek-ngunek.
427) Hideung ogè buah manggu, matak tigurawi bajing : nyolong bade : sanajan
luarna (cangkangna) hanteu pikabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
428) Harigu manukeun : dada jelema anu nunjol kahareup.
429) Mata dijual ka peda : dilarapkeun kanu malaweung, nepika teu awas kanu
disanghareupan (mata peda molotot taapi teu nènjo)
430) Geus bijil bulu mayang : geus balèg, mimiti begèr (budak lalaki); band. Geus
turun amis cau.
431) Maung ompong, bedil kosong, karèta kosong : jelema anu boga komara mah
geus teu nyekel kakawasaan (dongkol) ogè teu welè dipikasèrab.
432) Ngepung mèja : dariuk sakulilingeun mèja, rèk dalahar.
433) Dahar kawas meri : uprat-aprèt, ngaraèmèh (budak).
434) Meubeut meulita : mamawa kana balukarna nu goring, pipilueun kana
pacèngkadan batur, balukarna bias meubeut meulit ka urang.
435) Minda rupa : salin rupa
436) Mipit teu amit ngala tèa mènta : maling
437) Kokoro manggih mulud : makmak-mekmek, kokomoan barang dahar.
438) Murah sandang murah pangan : loba (teu kurang) pakèeun, jeung dahareun (di
nagara nu raharja)
439) Muriang teu kawayaan : kalah wowotan teu kuat nyangga lara ati, upama anu
keur kabungbulengan
440) Beute*90ung mutriktrik berekat meunang ; nutas dahar seubeuh di nu hajat ari
balik mawa berekat deuh.
441) Nènèh bontèng : bontèng
442) Hirup teu net paèh teu hos : terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot; hirup teu
walagri tarus-teursan.
443) Ngeunah angeun ngeunah angen : hirup senag, cukup dahar-pakè sarta runtut
raut jeung pamajikan.
444) Ngeunah èon teu ngeunah èhè : hayang ngeunah sorangan baè, teu ngingetkeun
kapentingan batur, taya arang-iringna.
445) Nya di hurang, nya di keuyeup : boh di hurang, boh di keuyeup; boh di mènak
boh di kuring atawa cacah, kateungeunah (hatè) mah sarua baè.
446) Nya ngagogog nya mantog : gogog, lail-ainna deui
447) Teu nyaho di hitut bau atawa teu nyaho di cedo : teu loba pangalaman, dusun
atawa balata-boloto kènèh, can boga temah wadi.
448) Misah badan misah nyawa : teu sarua boh lahir, boh batin (dua jalma)
449) Didagoan ku sèèng nyèngsrèng : sèèng
450) Nyiruan teu resepeun nyeseup anu pait-pait : umumna jalma tara resep sosobatan
jeung nu miskin.
451) Jelema sok keuna ku owah gingsir : umumna jelema maah sok robah
tangtunganana tara kuat nahan gogoda
452) Padu (moal) buruk digantung : perkara moal ruksak ku ditunda (-tunda),
masrahkeun perkara anu diparebutkeun ka pangadilan
453) Pait daging pahang tulang : mulus awak, langka katerap kasakit, tara radang
atawa borok ; band. Amis daging
454) Geus karasa paitpeuheurna : geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna atawa
nu matak susahna
455) Pageuh kancing, loba anjing : caringcing
456) Teu mais teu meuleum : teu pipilueun kana urusan nu jadi carita, malah teu
nyaho-nyaho acan
457) Papais-pais paray : patèèp kawas paray nu dipais (jalma loba nu ngaredeng di
tempat nu heurin, nyanghuluna di paselangkeun)
458) Luhur pamakanan : luhur kokopan
459) Ti batan meunang pala anggur meunang palu : ti batan meunang pujian atawa
buruhan karah kacarèkan
460) Kawas leungeun nu palid : ngopèpang, sagala dicabak atawa dicekel.
461) Teguh pancuh : pageuh pamadegan
462) Panjang leungeun : leungeun
463) Panjang lèngkah : jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan
464) Pondok jodo panjang baraja : sajan pondok jodo, sing nuluy (ulah pegat) jadi
baraya
465) Pait paria : pait ngeunah atawa pait ogè ngeunah (didahar)
466) Rèk dijieun jimat paripih : awèwè ku lalaki nu kacid dipikabogoheuna, upama
daèkeun dikawin.
467) Pasrah arit : pasrah luarna atawa basana wungkul, henteu terus jeung hate.
468) Gèpèng kawas pèpètèk : hirup muritik pisan.
469) Gorèng peujit : gorèng hatè, dengki.
470) Nya picung nya hulu maung : sarua jeung ngarujak sentul, harè-harè, batur
ngalèr ieu ngidul (jawaban atawa dina paguneman)
471) Ambek nyedek tanaga midek : kacida ambekna, tapi teu bias ngalawan, lantaran
moal pikuaten.
472) Sabobot sapihanèan; sareundeuk saigel, sabobot sapihanèan, sabata sarimbaga :
rempug sauyunan, sabagja-sacilaka
473) Mending kendor ngagèmbol tinimbang gancang pincang : ari digawè atawa
nguruskeun perkarakudu tartib, ulah garudas-garidus, supaya hasilna nyugemakeun.
474) Pindah cai pindah tampian : nyaluyukeun diri kana adapt jeung kabiasaan di
tempat anyar.
475) Pindah cai dibawa tampianana : aya di pangumbaraan (tempat anyar) mageuhan
adapt kabiasaan di tempat asal
476) Dagang pindang ka Cirebon : dagang barang ka tempat nyieun èta barang (moal
laku)
477) Piruruhan dikatengah-imahkeun : nu dusun dipilukeun kana riungan atawa
gempungan nu loba kanyahona.
478) Lindeuk piteuk : lindeuk japati
479) Rokrok pondoheun : getas harupateun.
480) Kawas jogjog mondok : jogjog, ks anu nuduhkeun ukuranana.
481) Pondok nyogok panjang nyugak : garihal, teu matak resep ngadèngèkeunana
(caritaan)
482) Asa dipopokan tai : ngarasa pohara diwiwirang
483) Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut : pikeun nuduhkeun jelema anu
kedul hudang subuh.
484) Nètè porort ngeumbing lèsotba : sagala usaha (akal tarèkah teu hasil)
485) Pucuk awian : pula-pilu teu boga tangtungan sorangan.
486) Tugur tundan, susuk bendung,ngepung maung, mènak kudu kapundayan : jaman
mènak murba (baheula)
487) Mantak muringkaka balu punduk : matak murinding bulu pundul
488) Undur kadeuleu punduk, dating kadeuleu tarang : terus –terang, hanteu ngalèos
kitu baè dina nyieun indit atawabalikt tèh,tapi bèbèja heula.
489) Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu : sakumaha pinterna murid (waktu
harita), moal leuwih pinter ti guruna.
490) Mundur papan kalawan tulis : kadesek atawa kadèsèh ku musuh, nepi ka nya
pasukan (tentara) nya rèngrèngan (pamarèntah) kapaksa mundur
491) Mupugkeun tai kanjut : kariaan leuwih gedè ti biasana, lantaran ku ijiran moal
kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan anak bungsu)
492) Puraga tamba kadengda : dapon, darapon, asal baè, tamba hanteu.
493) Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa : ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok
494) Lali rabi tègang pati : poho ka pamajikan jeung tèga kana nyawa pikeun ngabèla
nagara jeung bangsa
495) Poèk mongklèng buta radin : poèk pisan
496) Raga papisah jeung nyawa : maot
497) Lieuk euweuh ragap taya : malarat, taya kaboga
498) Kawas Rama jeung Sinta : nurub cupu, nu kasèp jeung nu geulis
499) Rambay alaeun,raweuy beuweungeun : subur ma’mur loba dahareun hasil tani
500) Kumaha ramèna pasar : pula-pilu, kumaha guyubna batur jenuk balarèa
501) Sepi paling towong rampog : aman, kerta raharja.
502) Asa penggas rancatan : leungteun batur nu sok nalang dina pagawèan.
503) Ranggaèk samèmèh tandukan : sawanda jeung beunghar mèmèh boga atawa
jeneng mèmèh pangkat.
504) Hapa-hapa ogè ranggeuyan : miskin-miskin ogè boga salaki (aya keur
pakumaha).
505) Teu boga piker rangkrpan : bolostrong, teu boga curiga, teu boga timburu.
506) Tunggul dirarud (diparud) catang dipumpak : taya nu dihiding, euweuh kasieun,
sagala dirempak.
507) Asa rawing daun ceuli : mindeng ngadèngè omongan anu teu ngeunah.
508) Ngarawu ku siku : hayang loba pangasilan ku rupa-rupa usaha anu tungtungna
teu kaurus.
509) Muga sing ngarèndèkèh manna sèrèh, ngarandakah manna manjah : sing loba
turunan.
510) Kawas bodor rèog : jelema nu dina tingkah-lakuna pikaseurieun.
511) Dogdog pangrèwong : sakadar ngabantu sautak-saeutik, teu boga tugas nu
penting.
512) Pangeprak reumis : purah diutah-ètah, ngajalankeun pagawèan nu lumayan.
513) Sabata sarimbagan : layeut, sauyunan, tara pasalia piker.
514) Leutik ringkang gedè bugang : sanajan waruga leutik (dibandingkeun ka
kuda,munding upamana) tapi mun maot dinyabaan, jelema mah gedèurusanana.
515) Kawas kabudak rodèk hulu : ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka
budak nu bolon kènèh.
516) Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : nu keur susah dipupuas,
ditambahan kasusahna.
517) Biwir nyiru rombèngeun : sagala dicaritakeun, sanajan nu teu perlu kadèngè ku
batur.
518) Pada rubak sisi samping : pada gedè ma’lum, pada gedè hampura.
519) Cacah rucah atah warah : cacah bolongkotan, taya pisan turun rada bèh luhur
jeung taya kabisa (kanyaho).
520) Maung sarungkum : tunggal baraya, lain nu lian (sakaruhun) tapi dina
bendengna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.
521) Kawas jelèr kasaatan : teu daèk cicing (barudak).
522) Taya halodo panyadapan : taya eureunna (pasèa, dicarèkan, jst)
523) Sumput salindung : boga kalakuan anu ulah kanyaahon ku batur(salaki ku
pamajikan atawa sabalikna).
524) Suku sambung leumpang, biwir sambung lèmèk : darma nepikeun maksud batur,
lain niat sorangan.
525) Kawas hayam panyambungan : talamba-tolombo dina riungan lantar euweuh nu
wawuh.
526) Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding : hirup senang lantaran cukup pakè jeung
nyandingkeun pamajikan nu satia.
527) Mindingan beungeut ku saweuy : nèmbongkeun budi parangi nu bias ka jelema
nu dipikangèwa, api-api resep baè.
528) Kawas birit sèèng : hideung lestreng (kulit jelema)
529) Jelema pasèsaan : jelema nu kungsi gèlo; saeutik mahi, loba nyèsa, bias ngatur
rejeki.
530) Taktak asa semplak : asa potong; nyeri lantaran tas nanggung atawa manggul nu
kacidabeuratna.
531) Rejeki kaseser ku hakan : rejeki bèak ku dipakè barangdahar
532) Matak tibalik aseupan : matak teu bias nyangu.
533) Seuseut batan neureuy keueus : keueus.
534) Hurung nangtung siang lempang : beunghar sarta dipakè ngaginding.
535) Aya disihung maung : loba hubungan jeung gegedèn jadi babari meunang
pitulung
536) Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang : dihukum beurat; pisan,
dihukum pati.
537) Lembur singkur, mandala singkah : tempat nu nyumput sarta jauh.
538) Kawas Rama jeung Sinta : nurub-cupu, nu kasèp jeung nu geulis.
539) Kawas siraru jadi : riab ka mana-mana (jalma loba)
540) Ngijeum sirit ka nu kawin : nginjeum barang (parabot) anu keur nu bogana
kacida perluna jeung ngan sakitu-kituna.
541) Pondok nyogok, panjang nyugak : pondok tapi mantak nyentug kana hate
(caritaan)
542) Sonagar huma : sonagar tapi kaciri dusun dina basa jeung paripolah.
543) Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang : sagala rupa dodoja
hirup geus kaalaman.
544) Nyeri beuheung sosongkèteun (sosonggèteun) : kesel ngadagoan nu rèk dating,
mindeng ngalieukan nepi ka aya nyeri beuheung.
545) Jangji pasang subaya : ngayakeun perjangjian.
546) Naheun bubu pahareup-hareup : pahutang-hutang, pada-pada boga pihutang.
547) Deukeut-deukeut anak taleus : teu nyaho yèn baraya, padahal geus lila padeukeut
imah.
548) Tèmbong tambagana : kanyahoaan kagorèngan hatèna atawa lampahna nu asalna
disumput-sumput.
549) Tamplok batokeun : bèrèhan atawa balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana
kaperluan sorangan.
550) Jauh tanah ka langit : kacida bèdana (kaayaan nagara urang jaman jajahan jeung
jeung ayeuna)
551) Ngadagoan kuda tandukan : ngaharepkeun perkara nu mustahil bias kajadian
(sarua jeung ngadagoan belut buluan oray jangjangan)
552) Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : tungkul
553) Tarajè nanggeuh, dulang tinandè : sadia ngajalankeun parèntah
554) Moal ditarajèan : teu sieun (wani)
555) Kawas tatah : teu hideng sorangan (digawè) kudu dititah (diparèntah) baè
556) Taya dunya kinasihan : euweuh barang nu dikorètkeun pikeun kabagjaan jalma
nu dipikanyaah
557) Moal nèngan jurig teu kadeuleu : jurig
558) Taarna teja mentrangan : tarang anu alus kawas anu aya cahayaan.
559) Ditangtang-ditèngtèng dijieun bontèng sapasi : digulang-gaper
560) Kawas beubeulahan tèrong : sarua pisan rupana (budak kembar)
561) Disusul tepus : disusul atawa ditèangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa)
562) Haripeut ku teuteureuyeung : gampang kagoda ku dibibitaan bakal meunang
untung.
563) Tiis ceuli hèrang mata : ngarasa sugema, taya kahariwang, taya kasusah;
ngeunah dèdèngèan ngeunah tètènjoan.
564) Tiis dingin paripurna : sampurnaning tiis piker, tibra hate; teu lada atawa teu
karasa uyahna (kadaharan)
565) Tiis-tiis jahè : teu kaciri pahibut dina nyanghareupan kariaan.
566) Ngukur ka kujur nimbang ka awak : mikiran sarup. Perkara luyu hanteuna jeung
kaayaan diri sorangan.
567) Kawas toèd : beuki ngomong, cèlèmbèng (budak)
568) Torojog tanpa larapan : datang teu ngiberan heula,
569) Trong kohkol morongkol dur bedug murungkut : keur nu ngedul hudang subuh.
570) Teu tuah teu dosa : teu mais teu meuleum, teu boga kasalahan nanaon.
571) Satuduh metu, saucap nyata : sipat nu luhung èlmuna, sagala rupa kasauranana
aya buktina.
572) Tukuh Ciburuy : tukuh kaleuleuwihi, sanajan tètèla tangtunganana teu pati bener
atawa moal aya matakna upama dirobah ogè.
573) Teu boga tulang tonggong : teu boga tatalang raga, teu boga tangtungan nun
pasti (pucuk awian)
574) Asa katumbu umur : ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusah.
575) Numbuk disuè : ninggang atawa meneran keur suè sawatara kali.
576) Kawas tunggul kahuru : gorèng patut (jelema).
577) Satungkebing langit (satangkaring jagat) : sakuliah dunya.
578) Ulah maot manggih tungtung, ulah paèh manggih bèja : sing bener waktu keur
hirup, supaya ulah diaromongkeun dimana geus maot.
579) Nungtut bari ngeusi : usaha ngulik èlmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-
saeutik nepi ka aya buktina.
580) Èlmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadrna :hirup kudu bari nyiar èlmu
pkeun kasalametan dunya ahèrat, sarta kudu sigar tengah.
581) Moal ngejat satunjang bèas : wani ngayonan musuh nepi ka kumaha baè moal
mundur satapak.
582) Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi : taya wates-wangena.
583) Tutus langkung, kèpang halang : omongan atawa caritaan anu salah
pokpokanana atawa teu pati merenah.
584) Sanajan nepi ka bias ngukir langit : sanajan sakumah pinterna.
585) Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandèrana : ngaganbarkeun iring-
iringan atawa kaayaan di tempat pèsta.
586) Hanteu unggut kalinduan, hanteu gedag kaanginan : pageuh nyekel tangtungan
sorangan, hanteu kapangaruhan ku ruruba.
587) Ngusap birit bari indit : ninggalkeun pasamoan teu bèbèja, malah bari semu
keuheul.
588) Mani hayang utah iga : ngarasa kacida sebelna, nènjo atawa ngadèngè kalakuan
batur nu pikaijideun.
589) Èncèr uteuk : calakan, pinter
590) Abong biwir teu diwengku : ngomong teu jeung adeuh dina nyarèkan.
591) Miyuni hayam kabiri : jejerih, leutik burih.
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:49 0 komentar
 (SAJAK)
 Loba rumasa ,
Ngempur na kaanggangan
Ngalun ti leuwi siksa durjana
Muru asih nu mere peurih
Cenah bakal Musna ku mangsa, iraha?
Neuteup langit nu angkeub
Ngalunan halimun nu patuntun-tuntun
Aya gereget nu imeut, aya kanyeri nu nyamuni
Basa nyawang lamunan nu kungsi ngalun sapajaratan rasa.
Lebah mana purwacarita éndah?
Sajajalan ukur rumpaka-rumpaka tunggara

Jempling ngabelentrang lebaheun ceuli


Patung panineungan gugupay ipis
Ukur katembong imut-imut sombong.

Gening, jajantung téh lumukut sangka


Sagurat-sagurat kamelang mubyar lebaheun angen
rasa nu kiwari geus cacap lebah pangbelokan haté

Keretas-keretas calangap bangun halahab nunggu keclak aksara


minuhan lolongkrang pikiran
Bodas-hideung nadodoho,
Silih usik, silih tarung lebah dada
Ngelebét-ngelebét bandéra jeung madhab nu baheula ngalalakon

Lebah mana Lampu nu baranang?


Kalebah mana rusiah diteuleum ?
Kiwari ukur nunggu girimis nu miripis ninggangan haté
Sabot anteng ngahuleng dipiring asmarandana.
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:45 0 komentar
 (SAJAK)
 MEMORI, SIMPONI NU HARMONI

Gurat kaheman mulas panineungan.


Ti mangsa ka mangsa carita ngalun lungsar lengser tan babatuan.
Petengna peuting ngabias,
cahya bulan nyimbut keueung nu saban peuting kamari ngaganggayong.
Deudeuh teuing seungit puspa ngaronjat mahligai kasuka, papanjang jalan ka jaman.
Rewu nuhun sakumna cipta rasa.

welas asih ngagulung wanci nu karandapan


salah dirobah jadi bener, bener nambah sampurna , kasampurnaan kagungan
kawasana
runtuyan siksa durjana kagulung ombak motah kaalak paul.
Moal disambat mulang,
keun dihuapkeun ka raja beurang meh robah jadi girimis nu miripis na mangsana.

Angin janari meupeus kamelang nu kokolebatan


Sesa-sesa memori rek diriksa luyu kana cita-cita carita Arjuna Shinta
Najan aya rahwana matok jadi antagonisna
Simponi harmoni ieu rek diraksa leuwih hegar lebah manah
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:44 0 komentar
 ARTIKEL
 TARI PIRING
Tarian Piring (Minangkabau: Tari Piriang) merupakan sebuah seni tarian milik orang
Minangkabau yang berasal dari Sumatra Barat. Ia merupakan salah satu seni tarian
Minangkabau yang masih diamalkan penduduk Negeri Sembilan keturunan
Minangkabau.Tarian ini memiliki gerakan yang menyerupai gerakan para petani
semasa bercucuk tanam, membuat kerja menuai dan sebagainya. Tarian ini juga
melambangkan rasa gembira dan syukur dengan hasil tanaman mereka. Tarian ini
merupakan tarian gerak cepat dengan para penari memegang piring di tapak tangan
mereka, diiringi dengan lagu yang dimainkan oleh talempong dan saluang.
Kadangkala, piring-piring itu akan dilontar ke udara atau pun dihempas ke tanah dan
dipijak oleh penari-penari tersebut. Bagi menambah unsur-unsur estetika , magis dan
kejutan dalam tarian ini, penari lelaki dan perempuan akan memijak piring-piring
pecah tanpa rasa takut dan tidak pula luka. Penonton tentu akan berasa ngeri apabila
kaca-kaca pecah dan tajam itu dipijak sambil menarik.
Keindahan dan keunikan Tari Piring telah mendorong kepada perluasan
persembahannya dikalangan rakyat jelata, iaitu dimajlis-majlis perkahwinan yang
melibatkan persandingan. Dalam hal ini, persamaan konsep masih wujud, iaitu
pasangan pengantin masih dianggap sebagai raja iaitu 'Raja Sehari' dan layak
dipersembahkan Tari Piring di hadapannya ketika bersanding.
Tari Piring mempunyai peranan yang besar didalam adat istiadat perkahwinan
masyarakat Minangkabau. Pada dasarnya, persembahan sesebuah Tari Piring di
majlis-majlis perkahwinan adalah untuk tujuan hiburan semata-mata. Namun
persembahan tersebut boleh berperanan lebih daripada itu. Persembahan Tari Piring
didalam sesebuah majlis perkahwinnan boleh dirasai peranannya oleh empat pihak
iaitu; kepada pasangan pengantin kepada tuan rumah kepada orang ramai kepada
penari sendiri

Pasangan pengantin adalah orang yang diraikan didalam majlis perkahwinan. Mereka
digelar 'Raja Sehari'. Oleh itu, persembahan Tari Piring di hadapan mereka adalah
pelengkap kepada hari bersejarah tersebut.Dalam masa yang sama pasangan
pengantin akan merasai bahawa kehadiran mereka sebagai 'raja sehari' sedang dinanti-
nantikan oleh orang ramai dengan simbolik 'selamat datang' melalui Tari Piring
tersebut. Hal yang sama juga akan dirasai oleh kedua-dua ibu bapa serta keluarga
pengantin. Mereka merasakan bahawa majlis persandingan tersebut belum tamat dan
tidak lengkap jika tidak disertai dengan persembahan Tari Piring.

Dikalangan orang ramai yang menghadiri majlis perkahwinan itu pula, selain sebagai
suatu hiburan, mereka boleh memberi semangat kepada para penari Tari Piring agar
membuat persembahan yang lebih baik dan menyeronokkan. Malah, kadangkala
orang ramai yang menonton akan turut serta menyertai persembahan tersebut, semata-
mata untuk memeriahkan suasana atau untuk menunjukkan kebolehan mereka.
Keadaan ini agak berbeza pula kepada para penari Tari Piring itu sendiri. Setengah
daripada penari Tari Piring yang masih bujang, menunjukkan kehebatan mereka
menari adalah untuk 'memikat' gadis-gadis pengiring daripada pihak yang bertandang
atau gadis-gadis sekampung yang sedang menonton persembahan mereka.
Suatu perkara yang menarik bagi Tari Piring pentas ialah kebolehan dan kecakapan
penarinya memijak-mijak kaca di atas pentas sebagai mengakhiri persembahan Tari
Piring. Didalam persembahan ini kaca yang telah dipecah-pecahkan berukuran antara
tiga hingga delapan sentimeter di longgokkan di atas pentas yang kemudiannya
dipijak-pijak serta dikuis-kuis dengan kaki oleh para penari. Simbolik kepada acara
ini ialah "para pembawa hidangan sedang melalui atau memijak kaca piring yang
pecah semasa mereka membawa sajian lauk pauk untuk dewa-dewa" . Kaki penari
tidak cedera.

- Cara menari
Terdapat berbagai cara atau versi untuk menari Tari Piring, bergantung kepada tempat
atau kampung atau daerah di mana Tari Piring tersebut diamalkan. Namun tidak
banyak perbezaan antara satu tempat dengan tempat yang lain, khususnya mengenai
konsep, pendekatan dan gaya persembahan. Secara keseluruhannya, untuk memahami
bagaimana sesebuah Tari Piring dipersembahkan, berikut adalah urutan atau susunan
sesebuah persembahannya.

1. Persiapan awal.
Sudah menjadi kebiasaan bahawa sesebuah persembahan kesenian harus dimulakan
dengan persediaan yang rapi. Sebelum sesebuah persembahan diadakan, selain latihan
untuk mengujudkan kecekapan, para penari Tari Piring juga seharusnya mempunyai
latihan penafasan yang baik agar tidak kacau sewaktu membuat persembahan.
Menjelang hari atau masa persembahan, para penari Tari Piring mestilah memastikan
agar pring-piring yang mereka akan gunakan berada dalam keadaan baik. Piring yang
retak atau sumbing harus diketepikan atau digantikan dengan yang lain, agar tidak
membahayakan samada kepada diri sendiri atau orang ramai yang menonton. Ketika
ini juga penari telah memutuskan jumlah piring yang akan digunakan.
Segera setelah berakhir persembahan Silat Pulut di hadapan pasangan pengantin,
piring-piring akan diatur dalam berbagai bentuk dan susunan di hadapan pasangan
pengantin mengikut jumlah yang diperlukan oleh penari Tari Piring dan kesesuaian
kawasan. Dalam masa yang sama, penari Tari Piring telah bersiap sedia dengan
menyarungkan dua bentuk cincin khas, iaitu satu di jari tangan kanan dan satu dijari
tangan kiri. Penari ini kemudian memegang piring atau ceper yang tidak retak atau
sumbing.

2. Memulakan tarian.
Tari Piring akan bermula sebaik sahaja rebana dan gong dipukul oleh para pemusik.
Penari akan memulakan Tari Piring dengan 'sembah pengantin' sebanyak tiga kali
sebagai tanda hormat kepada pengantin tersebut iaitu; sembah pengantin tangan di
hadapan sembah pengantin tangan di sebelah kiri sembah pengantin tangan di sebelah
kanan

3. Semasa menari
Selesai dengan tiga peringkat sembah pengantin, penari Tari Piring akan memulakan
tariannya dengan mencapai piring yang di letakkan di hadapannya serta mengayun-
ayunkan tangan ke kanan dan kiri mengikut rentak muzik yang dimainkan. Penari
kemudian akan berdiri dan mula bertapak atau memijak satu persatu piring-piring
yang telah disusun lebih awal tadi sambil menuju ke arah pasangan pengantin di
hadapannya. Pada kebiasaannya, penari Tari Piring akan memastikan bahawa semua
piring yang telah diatur tersebut dipijak. Setelah semua piring selesai dipijak, penari
Tari Piring akan mengundurkan langkahnya dengan memijak semula piring yang telah
disusun tadi. Penari tidak boleh membelakangkan pengantin.
Dalam masa yang sama kedua-dua tangan akan berterusan dihayun ke kanan dan ke
kiri sambil menghasilkan bunyi 'ting ting ting ting .......' hasil ketukan jari-jari penari
yang telah disarung cincin dangan bahagian bawah piring. Sesekali, kedua-dua tapak
tangan yang diletakkan piring akan dipusing-pusingkan ke atas dan ke bawah
disamping seolah-olah memusing-musingkannya di atas kepala

4. Mengakhiri persembahan
Sesebuah persembahan Tari Piring oleh seseorang penari akan hanya berakhir apabila
semua piring telah dipijak dan penari menutup persembahannya dengan melakukan
sembah penutup atau sembah pengantin sekali lagi. Sembah penutup juga diakhiri
dengan tiga sembah pengantin dengan susunan berikut; sembah pengantin tangan
sebelah kanan sembah pengantin tangan sebelah kiri sembah pengantin tangan sebelah
hadapan.

- Unsur-unsur gerak tari piring


Tari Piriang Sulueh yang terdapat di Pariangan memiliki tipe transisi yang bermacam-
macam, namun dari semua tipe transisi itu ada tipe yang dominan. Sesuai dengan
pendapat Lomax (1978: 240) bahwa setiap budaya cenderung memiliki bermacam-
macam tipe transisi, tetapi ada satu tipe atau satu klaster tipe yang dominan.
Berdasarkan observasi yang dilakukan berulang-ulang bahwa tipe transisi yang
terdapat dalam tari Piriang Sulueh ini adalah:
1. transisi jungkir balik ke samping kiri secara terus menerus terlihat pada ragam
gerak bagolek di atas piring,
2. transisi melompat dan membelok terlihat pada ragam gerak mairiak,
3. transisi berputar sederhana dan berputar penuh dengan cepat terlihat pada ragam
gerak serakan-jalo,
4.  transisi membelokkan badan ke samping kiri dan ke samping kanan sambil
memutar kedua tangan membuat figur angka delapan bergantian, dilakukan dari arah
samping kiri membelok ke samping kanan dan belok lagi ke samping kiri terlihat pada
ragam gerak basiang,
5. transisi memutar kedua tangan yang secara bergantian membuat figur delapan,
sambil melangkah maju turun-naik terlihat pada ragam gerak galuik ramo-ramo.
Semua transisi di atas termasuk transisi yang rumit. Transisi yang kurang rumit
dibandingkan dengan transisi di atas adalah:
1. transisi tangan yang kaku diiringi dengan kaki yang kaku ke arah samping kanan
terlihat pada ragam gerak manyabik,
2. transisi membelok sederhana atau zigzag sederhana ke depan diiringi dengan
transisi tangan dari siku-siku kiri ke siku-siku kanan dan sebaliknya, terlihat pada
ragam gerak antak siku,
3. transisi bentuk spiral ke depan terlihat pada ragam gerak alang tabang. Adapun
transisi sederhana hanya terlihat seolah-olah melompat-lompat kecil dan melangkah
hati-hati ke depan sambil menginjak piring, terlihat pada ragam gerak mainjak
piriang. Terakhir transisi samar-samar atau tidak jelas terlihat pada ragam gerak
maangin. Sejalan dengan tipe-tipe transisi tari Piriang Sulueh di atas, Lomax
(l978:240-243) mengemukakan bahwa setiap tari memungkinkan memiliki tipe-tipe
transisi:
1.samar-samar(vague),
2. simple reversal yaitu transisi pemutaran sederhana, garis edar aksinya hanya
mengulang kembali garis yang sama terus menerus,
3. cyclicyaitu aksi melingkar dengan mengulang kembali bundaran atau jalan edar
seperti kurva, contohnya mengengkol motor,

1. angular yaitu gerak kaku dengan pola siku-siku,


2. rotation yaitu aksi berputar,
3. curved yaitu aksi membelok dan
4. loopedyaitu aksi jungkir balik.
Kecuali aksi jungkir balik (looped) maka semua tipedimasukkan ke dalam klaster one
or two-dimensional. Khusus tipe looped dan yang menggunakan dua tipe transisi yang
two-dimensional sekaligus, dapat dimasukkan ke dalam klaster three-dimensional.
Tipe transisi tiga dimensi dilihat pada segi keruangan. Selain looped, gerakan lengan
dan tungkai yang dilakukan dengan gerak spiral, tangan-tangan yang berhadapan
secara asimetris, serta gerakan pergelangan tangan dengan liku-liku geraknya juga
dimasukkan pada klaster tiga dimensi.

- Tempoh menari
Tempoh atau jangkamasa menari oleh seorang penari Tari Piring adalah bergantung
kepada kecekapan dan kemahiran penari itu sendiri. Kecekapan dan kemahiran
menghayun piring yang diseimbangkan dengan ketukan cincin amat perIu. Penari Tari
Piring yang tidak terlatih mungkin akan menyebabkan piring yang diletakkan di tapak
tangan terIepas dan jatuh ke tanah. Biasanya insiden seperti ini amat memalukan
penari tersebut.
Dalam masa yang sama kepantasan penari melangkahkan kaki untuk memijak piring
yang telah disusun juga akan mempengaruhi tempoh sesebuah Tari Piring. Namun
pada keseluruhannya, seseorang penari Tari Piring akan hanya menari dalam tempoh
masa antara tiga hingga lima menit sahaja. Oleh itu, pada lazimnya, sesebuah
persembahan Tari Piring di hadapan pengantin akan hanya mengambil masa tidak
melebihi 15 menit, dengan persembahan Tari Piring oleh antara tiga hingga tujuh
orang. PerIu ditekankan bahawa sesebuah persembahan Tari Piring mesti disertai oleh
penari dengan jumlah yang ganjil misal satu, tiga, lima, tujuh atau sembilan orang.

- Pakaian
Pada kebiasaannya, pakaian yang berwarna-warni dan cantik adalah perkara wajib
bagi sesebuah tarian. Tetapi bagi Tari Piring, memadai dengan berbaju Melayu dan
bersamping saja. Warna baju juga adalah terserah kepada penari sendiri untuk
menentukannya. Namun, warna-warna terang seperti merah dan kuning sering
menjadi pilihan kepada penari Tari Piring kerana ia lebih mudah di lihat oleh
penonton.

Unsur wirahma
- Iringan
Alat musik yang digunakan untuk mengiringi Tari Piring, memadai dengan pukulan
Rebana dan Gong sahaja. Pukulan Gong amat penting sekali kerana ia akan menjadi
panduan kepada penari untuk menentukan langkah dan gerak Tari Piringnya. Pada
kebiasaannya, kumpulan Rebana yang mengiringi dan mengarak pasangan pengantin
diberi tanggungjawab untuk mengiringi persembahan Tari Piring. Namun, dalam
keadaan tertentu Tari Piring boleh juga diiringi oleh alat musik lain seperti
Talempong dan Gendang

Unsur wirasa
Dalam sebuah tarian unsur wirasa itu sangat penting, karena suatu tarian tanpa adanya
penghayatan yang disertai ekspresi wajah dan karakter yang ditampilkan akan terasa
hambar dan setiap gerakannya terkesan tidak bermakna. Selain itu penghayatan
karakter atau tarian juga berfungsi untuk menyempurnakan tarian yang dibawakan,
sehingga sesuai dengan apa yang telah menjadi ketentuan dalam tarian tersebut.
Misalkan saja jika tarian tersebut sebagai sarana ritual maka ekspresi yang
ditampilkan harus benar-benar menggambarkan sebuah kesakralan dan tidak mungkin
dibawakan dengan ekspresi wajah yang humoris.
Dalam tari piring ini ekspresi wajah yang ditampilkan oleh para penarinya seperti
menggambarkan sebuah keceriaan sehingga terkesan sebagai tarian hiburan semata,
namun pada dasarnya jika dilihat dari gerakan pada saat penari melompat-lompat di
atas pecahan piring kesan tarian yang tadinya seperti tarian hiburan tiba-tiba berubah
menjadi sakral, ekspresi dan mimic wajah penari pun sejenak berubah mengikuti
setiap perubahan gerakan.
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:43 0 komentar
 (CARPON)
 KI UIS

Langit angkeub, ngaheungheum pihujaneun. Angin ngagelebug muragkeun sagala


dadaunan. Katembong aki-aki umur genep puluh taunnan udud bari nyuruput cikopi
lebah hareup imah nu agrĕng, bakeuting ku nimat teu karasa meureun dalapan
kuntung rokok geus ngayak na asbak.
Ki Uis katelahna dilembur ieu mah, puguh disebut Ki Uis teh da manehna mah
sakabeh warna buukna bodas pedah huisan tea, duka teuing dikota nu jadi asalna mah
saha ngaranna, da gening nepika kiwari ogĕ can aya nu apal kana ngaran asli eta aki-
aki. Imahna agreng, tanah dimana-mana, perkebunanna lega, ti tungtung wetan
lembur nepika tungtung kulon, cenah mah anak-anakna tĕh jaradi pengusaha sukses di
Kota, tapi teuing kana naon arusahana tĕh.
Nu jadi hanjakal Ki Uis teh teu boga pamajikan, denge-denge ti angin mah
pamajikanna mulang kaasal opat taun katukang, da gening sabada pamajikanna
ninggalkeun tiheula manehnamah hijrah ka kampung, ceuk manehna cicing
dikampung mah asa tentrem jiwa teh,bisa leuwih nyindem panineungan manehna
jeung nu jadi pamajikan, asa lega duduluran, jeung leuwih bisa mantuan dulur batan
baheula keur cicing di kota, basa kamari kuring ngawangkon harita di imahna bada
shalat ashar.
Kaitung opat taun katukang sabada hijrah ka kampung , kiwari Ki Uis jadi jalma nu
dikolotkeun dilembur ieu, meureun nu jadi lantaranna teh ari Ki Uis mah jalmanna teu
berehan, saha wae warga nu menta tulung kamanehna mo pasti rek ditulungan, Si
Jujun sobat kuring salasahijina, ayeuna mah manehna kaitung jadi jalma boga batan
kuring, puguh manehnamah jadi “ tangan kirina” ki Uis. geus teu kaitung sabaraha
puluh warga nu pernah ditulungan kumanehna, kaasup kuring sorangan pernah di
tulungan basa pepereket neang biaya keur bayaran sakola anak kuring Si Aji.
Hiji mangsa kuring pernah diajak ketemuan ku Ki Uis teh, cenah mah rek aya
kumpulan ngobrolkeun kerja bakti nyieun jembatan antar lembur lebah walungan
cisaat, Ki Uis nu jadi donatur tunggal na teh. ceuk si Jujun mah nu bakal jadi
pimpinan eta proyek teh kuring, alasenna pedah kuring the jujur jeung saeutik-
saeutikna ngarti kana agama cenah, rada reuwas harita oge, ngan hanjakal pas harita
teh nu jadi pamajikan karasa beuteung puguh da keur hamil nincak ka tujuh bulan,
jadi we kuring leuwih milih nganteur pamajikan ka bidan batan kumpulan. Asa boga
dosa harita teh ka Ki Uis, puguh Kuring teh rek dibere amanat tapi kalah jiga nu
mungkir.
Sabulan ti harita, kuring amprok deui jeung ki Uis, kacida era na harita teh, asa boga
dosa ka manehna, ari sugan teh manehna rek pundung moal nanya-nanya acan, gening
jauh ti nu jadi sangka manehna ngaggero, ngawangkong, tuluy ngajak ka imahna, deui
kuring teu bisa ngilu ka imahna puguh da jadwal kuring adzan Lohor di masjid harita
teh, asa mingkin badag wae dosa teh ka manehna, ah ketang batan dosa lalai adzan,
lalai kana amanat warga jeung nu utamana ka gusti allah mening kaMasjid we sugan
ke beres timasjid, kasampeur ka imah Ki Uis mah.
Panyakit jalma meureunnya, kacida poho, ari niat mah beres ti masjid teh hayang ka
imah Ki Uis kalahka tuluy kaleuweung neang suluh harita teh.
Saminggu ti harita, Si Jujun nyampeur ka imah, mobilna alus, herang keneh, baju
kameja cappan, wah geus jiga orang kota we Si etamah ayeuna teh. Ari sugan teh rek
aya naon, hanas mah geus reuwas puguh saminggu katukang teh lapur kana janji nu
rek ngadatangan ondangan ti Ki Uis tea. Tapi gening lain ngabahas eta, malah mah
ceuk Si Jujun kuring diajak ngariung deui peuting ayeuna di imahna Ki Uis, puguh
wae kuring daek da rumasa geus loba dosa mungkir na janji nu baheula-baheula ka
manehna.
Breh dina wangwangan kuring bakal jiga si Jujun mun deukeut jeung ki Uis mah, tapi
teu ketang-keteng hayang jiga si Jujun, cukup ku boga imah nu layak we jeung
pangabutuh sapopoe bisa kacumponnan kuring mah. Pan kabuktian nu dareukeut
jeung manehna mah pasti bakal robah kaayaan hirupna.
Angin peuting nojosan pori-pori na awak saban kuring ngarenghap, uh, kacida tirisna
peuting ieu mah, ah, tapi teu dirasa sabab aya jugjugeun tea, teuing pedah jugjugeun
dunia nu lumpatna kana harta nu boa rek datang liwat Ki Uis, teuing pedah rek ngala
pahala lebah amanat jeung janji tea, salengkah-salengkah jalan tarapakan ku sandal
capit kuring sesa lebaran kamari bari teu weleh mikiran jeung ngalamun anteng. Teu
karasa geus nepi hareup imah Ki Uis, “assalamualaikum” ceuk kuring bari ngetrok
pager besi imahna, ditungguan sababaraha detik euweuhnu ngawaro,
“assalamuaikum” rada ditarikeun nu kadua kalian mah, pedah bisi teu kadengeeun ku
nu dijero, enya wae sababraha detik tidinya “krekek ” panto hareup imah aya nu
muka, katembong si Jujun sobat kuring mukakeun panto, tuluy nyampeurkeun bari
muka pager beusi nu jadi benteng imah. “ geus lila Jun?” Tanya kuring ka manehna. “
lumayan, ti tadi sore kuring mah da aya didieu” tembal Jujun. Tuluy we ngabring
duaan ka jero imah ki Uis nu agreng tea, lamun tea kuring rek ka WC, rarasaan mah
bakal nyasab da mun teu dibaturan mah. Lebah kaler aya ruangan nu poek, dasar ku
panasaran sampeeurkeun we kukuring teh eta rohangan, basa rek pisan muka pantona,
si Jujun narik taktak di tukang, “rek naon maneh sosolonong muka eta panto?” ceuk si
Jujun, rada reuwas harita teh puguh asa digeureuwahkeun. “ ah henteu, panasaran we,
naha di imah agreng teh aya kamar nu poek jiga kieu?” tembal kuring ka manehna.
“Geus hayu tuturkeun weh urang, tong sok nyanyahoan!” ceuk Si Jujun bari ngaleos
mangkat. Nepi we kuring the ka hiji rohangan nu geus loba jelema, aya 9 urang di eta
rohangan teh, kabeh marake dasi jeung Jas, meureun ukur kuring hungkul nu
dandananna saayanna, mun di tenget-tenget mah bentuk beungeut jeung cara
ngomongna tamu nu aya dirohangan the lain arurang sunda, siga urang peuntas
dedeganna mah, ah. Keun bae teu masalah etamah, nu penting mah ieu obrolan beres
tuluy rek neang pahala jeung saeutik harta liwat Ki Uis.. der weh ngobrol….
Rada panjang tah obrolan peuting eta teh, teu karasa papondok jam nunjuk kana
angka 10, dasar orang kampung jiga kuring, karek keuna ku AC sabaraha jam oge
geus asup angin, batan hitut hareupeun jalma rea nu marake dasi, kuring ijin ka WC
rek miceun angin, tuluy menta anteur ka si Jujun, Ki Uis ge da nga hensok keun harita
the. Leos we indit ka WC, nepika WC bari ngarsakeun miceun angin teu eureun
ngalamun bakal meunang rejeki ieu mah ti Ki Uis, pedah titadi oge kuring the
diomong-omong ku Ki Uis ka tamu-tamuna nu orang kota tea, disebut jujur tea lah,
disebut ngarti kana agama te lah, malah mah salah sahiji tamuna ngajak kakuring
nyaba kakota, rek diasupkeun gawe di perusahanna cenah, tapi dek kumaha-kumaha
oge rek diobrolkeun heula ka nu jadi pamajikan.
Kaluar ti WC rada hulang-huleng oge, Si Jujun ninggalkeun ari suganteh rek
nungguan, puguh mah teu apal jalan balik ka rohangan tempat kumpul da kacida
legana atuh imah teh, batan ngahuleng leumpang we kuring the bari susuganna bisa
nepi ka rohangan tadi, mun henteu oge rek gogorowokan weh, menta tulung tisasab di
imah Ki Uis. Teu kahaja ngaliwat deui ka na rohangan tadi, rohangan poek nu pinuh
ku misteri tadi, ku panasaran disampeurkeun weh eta rohangan teh, dgdegan teu
puguh awak the, kesang badag kesang tiis kaluar na pori=pori sakabeh awak, uteuk
jeung hate silih tarung, rek ngameunangkeun kapanasaran tuluy muka ieu panto,
atawa rek diculkeun sabab lain hak. Dasar ku panasaran nu gede kacida, di bukakeun
we eta panto the, poek mongkleng di jero rohangan teh, kuring rarampaan sugan
manggih saklar meh bisa ngahurungkeun lampu. “Trek” teu kahaja saklar lampu
kacabak tuluy ngajetrek.
Barang ditingali “astagfirullah, , naudzu billa himindzalik” teu eureun kuring maca
istighfar, amit-amit teuing gusti allah, hamdallah ngucap sukur ka Gusti Allah.. belah
kaler tembok katembong dua foto gambar awewe hiji, lalaki hiji jeung hiji lambang
nu sering katingali na pilem-pilem barat…amit-amit ya Allah, amit-amit jadi jalma nu
Kufur, Kafir jeung Syirik ka gusti Allah, paingan sababaraha bulan ieu masjid the sok
asa kosong, si jujun sobat kuring mun diajak ka masjid keur salat nerjamaah teh sok
rada mungkir, alesanna rek aya perlu ka imah Ki Uis, , kitu oge jeung sababaraha
aktivis masjid sejenna, asa tara pisan-pisan deui datang ka Masjid, meureun
kaimannan maranehna the geus kagade jeung kabeiuli ku harta nu di janjikeun ku Ki
Uis, amit-amit ya Allah mun kuring ngilu jiga kitu, teu ridha dunya akherat rezeki jiga
kitu mah, mening maraban anak pamajikan nu harta nu halal liwat jalan allah batan
kudu ngagadekeun kaimannan jiga maranehna… Alhamdulillah gusti anjeun masih
mikanyyah kuring, sing jauh tina hal jiga kitu….teu malire jeung teu paduli nu bakal
kajidaan kahareupna kuring lumpat kaluar ti imah bari teu karasa aya nu haneut
ngeclak na pipi kenca katuhu… alhamdulillahirobbil alamin…
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:41 0 komentar
 (CARPON)
 Marbot

Peuting beuki jempling, tangkal cau pipireun masjid daunna gugupay ipis.
“Asa tiris pisan peuting ieu mah Man?”, pok téh nanya tiheula ka si herman nu tatadi
nyeuseup udud SAMSU, geus béak kana satengah bungkus manéhna ngaroko téh,
roko beunang buburuh ti haji Astim ngangkutan bata tadi beurang. “Enya kang asa
tiris pisan, teu sasarina”, tembalna. “rék nincak usum halodo deui meureunnya?” pok
téh negeskeun. “Ah, da asa angger wé kang rék usum halodo rék usum hujan ogé sok
teu paruguh der na”, témbal si Herman bari ngaléos ka belah kalér. “Kamana man?”
kuring nanya deui, “ka jamban ah, tahajud heula!” tembalna.
Sorangan,
Jempling.
Leng ngalamun, inget keur mimiti jadi marbot di mushala ieu, mushala nu ngarobah
Jaja nu teu ngarti kana agama. Jaja preman terminal kampung nu geus maehan dua
supir angkot, nu ahirna di bui dua welas taun. Jaja nu geus teu boga sasaha, pamajikan
nu dipikacinta dicokot kukolotna, pajar téh wirang boga salaki tukang jagal jelema,
kitu oge nu jadi anak sok éra dipoyok ku babaturan sakolana boga bapa narapidana.
“Néng Apa euweuh niatan jadi tukang maéhan jalma, Apa ukur hayang enéng jadi
budak shaléhah, bisa néangan duit halal, tong jiga bapa nu pagawéana ukur namprak
bari maksa jalma mikeun hartana! ” gerentes haté téh.
Meureun enya ari panjara téh bisa ngarobah sifat jalma anu asalna salah jadi bener,
tapi duka teuing ah, da nu karasa kukuring mah siga kitu, asa hayang bener
ayeunamah jadi jalma téh. kalan-kalan mah sok inget kapamajikan asa hayang
amprok, komo ka si Usi mah, anak kuring hiji-hijina nu ayeuna teuing dimana, béja
mah geus boga bapa anyar, pamajikan téh geus kawin deui. Keun wé lah ari salakina
nyaaheun mah, bisa méré dahar tina duit halal, bisa ngabagéakeun maranéhna.
“Kang, Adzan!” si Herman ngageureuwahkeun, “ngalamun waé ieu mah” pokna deui.
Kuring ngorénjat da puguh reuwas keur ngalamun. “atuh kumanéh heula, meni téga
ka kolot téh, keur ngalamun yeuh!” rada tarik ngomong téh da puguh rada kesel
digeureuwahkeun . “pan jadwal akang subuh ieu mah” pokna nembal. “emang masjid
séjén geus aradzan?” “manggeus kang!” ceuk herman. Jleng, kuring muru jamban
tuluy ngong weh adzan subuh.
Ibun hérang geus silih puntang na ringkang jeung pucuk dadaunan, wanci geus nincak
janari. “asa saeutikan kang poé ieu mah nu salat subuh ka masjid téh ”, Herman nanya
bari udud puntung sésa keur peuting, “taririseun meureun Man, horéameun rék
kaluarna” kuring némbal, “pan cenah bakal meunang pahala leuwih lamun salat
berjamaah téh, komo lamun di masjid mah?”, pokna nanya deui. “Jalma ayeunamah
geus lain udagan utama pahala téh man, ceuk maranehna mah néang duit nu utama
mah!” teges kuring, “naon hubunganana salat subuh berjamaah jeung néang duit?”
Herman calangap barung teu ngarti, “pan maranehna mah leuwih resep ngudag karier
Man daripada ngudag pahala, lamun salat subuh majar téh sok kabeurangan hudang
balukarna telat mangkat gawé tuluy dicarékan ku dunungan, atuh balukarna moal bisa
naék pangkat!” tembal kuring, “asa anéh lamun alesanna kitu mahnya kang? Pan ceuk
kanjeng rosul ogé, lamun urang salat subuh komo ditambah tahajud mah rezeki téh
éstuning buburudulan!” ceuk si Herman bari mareuman kuntungna ka asbak
alumunium hareupeuna.
Ray, inget deui kajadian éta, kajadian anu nyababkeun kuring ngaringkuk di
pangbelokan salila duawelas taun, lamun disuksruk deuimah éta kajadian téh da asa
lain salah-salah teuing kuring, dua supir nu dua éta tiheula nantang duél, kuring mah
ukur hayang mertahankeun harga diri kuring anu jadi jéger terminal, euweuh niatan
keur jadi rajapati, sumpah na ogé!, Meureun pedah pangaruh nginuman paméré si juki
kuring kaleupasan nusuk maranéhna.
Salila welasan taun ukur bisa ngaheruk nunggu béntang nu mawa caang, anak
pamajikan nu jadi pamuntangan geus tiheula leumpang, da puguh geus meunang
gaganti nu leuwih caang , Tinggal kuring sosobat gaang, ngapingan peuting jempling,
nunggu girimis miripis nu tiis, sabot wanci ngalun nuntun hidayah pangeran nu
agung.
Geuning umur téh geus tunggang gunung, dua welas taun ukur dieusi lamunan pikeun
balik deui ka anak pamajikan. Bisa ngangseu deui hawa kabébasan siga jaman-
jamanna bareto. tapi béda, kiwari jeung satuluyna kuring leumpang kalebah jalan nu
bisa mawa katentreman, jalan nu bisa méré tiis kana hanaangna sukma. Tidieu kuring
mimiti jadi jalma nu sabenerna, basa pak Haji Astim ngidinan kuring ngurus
mushalana. kahayang mah bérés nganggeuskeun hukumna téh bisa raranjeungan
jeung anak pamajikan, tapi geuning pangéran geus méré jalan lian.
Raja poé nu meleték luhureun tangkal hoé panasna nyebrot kana tarang. Kiwari ukur
dibaturan si Herman, aslinamah ngaran manéhna téh Muhamad Herman, kalan mah
sok disebut Éman atawa Maman, teu béda jauh jeung kuring nasibna mah, sarua geus
teu boga sasaha, ngan bédana ari kuring mah ditinggalkeun ku anak pamajikan, ari
manéhna mah mah ditinggalkeun paéh ku indung bapana, da puguh keur umurna 6
taun indung bapana kaurug ku longsor basa keur nambang pasir. Ingét pisan basa
mimiti si Herman datang ka mushala, bari ngadarégdég manéhna nyumput kapipir
musala, kuring keur nyapukeun daun nangka nu marurag sesa peuting dipipir musala
kacida reuwasna. “Kang tulungan kuring!” cek manéhna basa diajak reureuh di jero
musala, “tulungan naon ieu téh?” tanya kuring panasaran. “Kang tulungan
sumputkeun kuring, kuring keur diudag-udag pulisi!”cek manéhna bari nyuksruk kana
tuur kuring. “ naon atuh nu dipigawé silaing nepika bisa diudag-udag pulisi?” kuring
panasaran kénéh. “ké wéh kang ku kuring dicaritakeun, tapi ayeuna mah kuring
pangnyumputkeun hela!” pokna bari gurung gusuh da puguh geumpeur sieun katéwak
ku pulisi. Bus awakna kukuring diasupkeun kana kolong mimbar tuluy ditutupan ku
karpét hejo meunang nyeuseuh kamarina.
Durugdug dua urang pulisi maké baju préman nyampeurkeun kuring nu api-api teu
apal nanaon. “selamat siang!” maranéhna nanya. “Selamat siang pa!” tembal téh bari
rada arapap-eureupeup da sieun kanyahoan nyumputkeun penjahat, ceuk batur
sakamar basa dipanjara ogé lamun nyumputkaun palaku kajahaten téh sarua jeung
ngalakukeun kajahatan. “Anda pernah melihat seseorang dengan ciri-ciri…bla-bla-
bla..?” ceuk maranéhna. da teu puguh déngé naon anu ditanyakeun ku dua pulisi éta
téh, geus kaburu geumpeur awak téh basa mimiti ningali dedeganna ogé, apanan
kuring ogé kungsi ngalaman babarengan jeung pulisi di POLSEK téh tapi lain
babarengan sosobatan, babarengan téh pedah jadi eupan peureupna basa diintrogasi
sanggeus maéhan dua supir angkot téa. “Saya tidak melihat pak!” tembal kuring. Léos
wéh maranéhna mangkat sanggeus nyebut “terimakasih atas bantuannya pak!”.
Buru-buru wéh nyampeurkeun mimbar da sieun budak nu tadi paéh béakeun hawa,
puguhmah éta mimbar téh didedet karpét. Geus rada rereuh budak téh diajak ngobrol
deui, dititah héla wudu kukuring saacan ngobrol téh, méh rada tenang, apanan ceuk
ajéngan ogé lamun jalma sering wudu téh insyaallah kapusing bakal leungit, awak
bakal seleger, tapi éta oge kudu tuluy dibarengan ku salat. “Kunaon atuh silaing téh
nepika diudag-udag pulisi?” pok téh ngulang nanya patalékan tiheula.”kieu kang
caritana!” manéhna tuluy nyaritakeun kasang tukangna nepika jadi buronan pulisi.
Manéhna téh Herman, urang pasir koja, manéhna kurir jual beli narkoba, tapi lain
tukang dagang atawa pamaké éta barang haram, manéhna téh jadi kurir pikeun
nyanghareupan hirupna, keur dahar, sakola adi-adina, jeung sajabana. “Ari ayeuna adi
maneh dimana?” Tanya kuring. “Ayeuna mah tos dikukut batur kang, kabeneran
saminggu kamari adi kuring téh meunang béasiswa ti Sakolana, tuluy aya salah sahiji
guruna daékeun ngukut manehna!” témbal manéhna, aya cirambay nu maseuhan
pipina basa nyaritakeun lalaokon hirupna, timmiti mulungan palastik, nepika jadi kuli
ngaduk kumanéhna pernah kaalaman, ukur néang hirup anu cenah geus aya jalanna
masing-masing.
“Rezeki moal pahili-hili bagja moal paala-ala” ceuk Hj. Astim mah. éta paribasa nu
unggal poé, nu unggal peuting ngahiung lebah ceuli, jadi ikét nu meulit haté sangkan
teu leupas tina wangunan kaimanan. “Nu ngarana jalma ulah sok hayang paleuwih-
leuwih, alatan mah mah kudu silih méré. kudu ingét ka fitrah mimiti urang, jadi
khalifah dunya nu bisa méré manfaat ka nu séjén, lamun boga matéri béré ku materi,
lamun boga pangarti bérékeun éta pangarti” cék Hj. Astim mah, basa mimiti kuring
jadi marbot di musola ieu…

Hujan badag angin puyuh silih udag ngarusak kabéh bangunan nu kaliwatanna.
Angin peuting ngalunkeun jempling, bau taneuh muru liang-liang bangunan musola,
daun cau nu kamari gugupay ipis kiwari geus teu katingali rupana, katutup taneuh nu
tadi soré ngurug bangunan mushala, ngurug impénan Jaja jeung Herman pikeun
ngumpul jeung kulawargana. “Pemirsa, kemarin sekitar pukul empat soré, désa
ciputat di kab. Subang kecmatan subang diterjang angin puting beliung , diketahui
delapan orang tewas dalam musibah ini. dua orang masih dalam pencarian,
diperkirakan mereka terjebak didalam sebuah bangunan mushala. Demikian berita
hari ini”
Sora sirine ambulan minuhan langit, tingkocéak jerit jalma nu teu rido kulawargana
paéh kaurug taneuh. “Naha loba nu nyeungceurikan batur mah kang?” ceuk herman.
kuring ukur imut, tuluy ngalayang, beuki luhur, mumbul ka awang-awang, bari mawa
impénan sugan bisa nangkeup bulan nu nyorang...

10’05’08
Ridwan Tarusbawa
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
UPI
 Diposkan oleh SUNDA GENZOELE di 00:39 0 komentar
 (CARPON)
 Nyuhun

“Gening jadi kitu si Dudung téh nya?”


“Muhun nya ceu, naha jadi kitu budak téh?”
“Si Dudung budakna ceu Eha lin?
“Muhun ceu, putra hiji-hijina ceu Eha téa, jiga anu kurang saendan ayeunamah!”
“Ceuk béja mah budak téh dikukut ku jurig walungan!”
“Tah mantakna barudak téh ulah sok diantep ari ulin ka leuwi téh, apanan ceuk Ki
Sapta ogé di leuwi étamah loba jurigan!”
“Boa geus gering budak téh, karunya teuing nya budak-budak geus kitu?!”
Ngadéngé omongan tatangga jiga kitu, ceu Éha ukur bisa ngusapan dadana, istigfar
ménta panghampura ka gusti. Kalakuan Dudung kiwari kacida lian ti biasana. tiap
salat tarawéh di masjid budak téh teu eureun seuri cicirihilan siga anu keur lalajo
dogér.
“Ujang kasep,pami badé heureuy mah, atos waé ujang solat tarawéhna di bumi wae!”
“Naha ma? Dudung mah hoyong tarawéh di masjid, da sadayana réréncangan Dudung
ogé pan salat di masjid, terus pan saur Wa Haji ogé ari salat dimasjid mah pahalana
dobel ma!”
“Tapi Dudung teu kenging seuseurian pami solat téh, apanan dosa lamun
ngaheureuykeun solat téh!”
“Tuda ogé nu solat téh sok lalucu kalakuanna!”, tembal Dudung.
“ Hus, tong nyarios kitu jang, apanan nu namina gerakan salat mah teu tiasa digentos,
teu aya anu lucu, komo pikaseurieunmah, ulah nyarios kitu kasep, dosa!”
“Maksud ujang mah sanés kitu ma, ujang ogé terang ari nu namina gerakan solat mah
teu tiasa digentos, kitu ogé babacaanna, teu tiasa digentos ku basa séjén, komo
digentos ku basa sunda mah!”
“Jadi ujang téh nyeungseurikeun naon atuh?, naon anu diseungseurikeun téh?”
“éta ma, anu aya diluhureun mastaka anu solat, sok aranéh waé, mantak
pikaseurieun!”
Dudung mungkas caritana ka ema. Jleng, wé manéhna muru sarung jeung péci,
ngaléos ka lebah panto, tuluy ngilu ngagimbung jeung barudak sababadanna nu tadi
ngagegero di hareup imahna.
Ceu Éha ukur bisa nyawang Dudung nu mikin jauh, kasilep ku poék nu minuhan jalan
ka jaman. “Naon anu lucu?” Pikiran ceu Éha teu eureun muter neang musabab
kalakuan anakna nu mikin anéh.
Gurat-gurat layung geus minuhan méga, wanci magrib lalaunan ngarayap, tangkal
menyan, tangkal caringin, teu eureun ngadzikir, sakabéh kahirupan estuning simpe
kapapag kusora adzan nu silih tembal.
Sapangeusi lembur kacida simpé, da puguh tiap jalma pada riweuh ngaleupaskeun
dahaga sabada nahan lapar, hanaang, jeung hawa nafsu sapopoé.
**
Haji Kosim, kokolot lembur méré isarat keur ikomat. Jamaah baris, rapih, rapet,
Dudung Cs, salat di shaf pang tukangna.
Haji Kosim maca surat alfatihah. simpé, sakabéh ngakhusukeun manéh da puguh keur
nyanghareupan sanghyang nu maha agung, nu miboga sakabéh kahirupan.
Tapi, khusuna nu salat teu lila. Di shaf pangtukangna aya nu seuri cicirihilan.
Jamaah nu tadi khusuk kiwari sibuk ngira-ngira saha anu cicirihilan téh,”pasti si
Dudung ieu mah!”, gerenter hate maranehna.
“Hua….hua….ha…!”
“dung, dudung nyengseurikeun naon?”
“Itu tingali, dilihureun Mang Sarkim aya naon?”
“Euweuh nanaon ah dung!”, tembal batur gigireuna.
“itu tingali luhureun sirahna, aya mobil!”
“mana ah, euweuh nanaon ogé, maénya aya mobil diluhureun sirah?”
Mang sarkim nu keur sujud ngagebeg, “budak téh apal timana eusi pikiran batur ?”,
gerentes haté mang Sarkim.
Dudung ngaguar hiji-hiji pikiran jalma-jalma nu keur solat. Kabéh jamaah solat nu
kataranjangan pikiranna ukur bisa ngagerem na haté, da puguh enya bener nu
katingali ku si Dudung téh. ,
“Tuh hiji deui, luhureun sirah kang Maman aya awéwé geulis pisan!, ah éta pasti
kabogoh anyarna!”, gorowok Dudung.
kang Maman nu rék sujud kadua ngagebeg ogé, teu nyangka si Dudung bakal apaleun
musabab manehna teu husu dina salat, da puguh manéhna téh keur kangen ka awéwé
nu jadi kabogoh anyarna.
Salam mungkas salat, Mang Sarkim jeung Kang Maman nu karék aranggeus solat
tuluy muru shaf nu tadi dieusi ku Dudung cs.
“Hayo siah, saha nu ribut tadi?”
“Saha nu cicirihilan tadi?”
“Isuk mah barudak teu meunang solat di masjid!, ngaganggu waé nu keur solat!”
“Bener kang, isuk mah barudak téh ulah sina solat di masjid, jadi teu husu yeuh solat
téh!”
Wa Haji muru nu keur ribut.
“Barudak, saha anu tadi seuseurian?”
“Du..du..dudung wa haji,” tembal Usup, bari arapap eureupeup ogé.
Ngadéngé ngaran Dudung, kabéh jamaah ribut deui.

“Dudung gening jadi kitunya?”


“Jadi kitu kumaha sih?”
“Nya jiga anu kurang saendan wéh!”
Ceu Eha nu aya kabeneran aya didinya ukur bisa ngaheruk, ngusapan dadana. Na
uteuk jeung pikiranna ukur aya rasa éra, pasrah, karunya campur jeung teu ngarti.
“ Jang, naon nu ku ujang diseungseurikeun téh?, naon nu katingali ku ujang?”. Tanya
wa haji.
“Itu wa, luhureun mastakana wa.” Tembal Dudung.
“Aya naon luhureun mastakana téh jang?”. Ceuk Wa Haji nanya barung teu ngarti.
Simpé, ukur kadéngé sora jangkrik silih tembal.
“Ujang ningali anu sarolat téh nyuhun rupa-rupa barang,” tembal Dudung
Wa haji ngagebeg. Aya naon ieu téh?
“Ujang, leres ujang ningal?” Tanya Wa Haji ngayakinkeun.
“Leres Wa, Ujang ningal anu solat téh nyuhun rupa-rupa barang, aya sawah, mobil,
awewe, sapi, sareng nu sanésna we pokonamah!”
“Buhong si Dudung mah Wa Haji!”, Mang Sarkim megat omongan dudung, da puguh
manéhna mah kasinggung.
“Leres wa haji, bohong si Dudung mah!”, gorowok nu séjén
“Kasurupan meureun budak téh!”
“Dasar budak kurang saendan”, gorowok Mang Sarkim.
Jamaah raribut , riweuh ku masing-masing koméntar. Eweuh nu bisa narima omongan
ti Dudung, sanajan dina hatena mah ngaenyakeun omongan Dudung.
“Dudung dibéré kawaksiatan ku gusti Allah pikeun ningali anu teu bisa kuurang
ditingali. Gusti Allah mukakeun titingalian ieu budak pikeun ningali pikiran urang
anu keur ulin-ulinan basa keur solat. Urang bisa ngahenteukeun omongan si dudung.
Tapi saha jalmana anu bisa lumpat jeung nyumput tina titingalian gusti Allah nu maha
taliti? Saha?”
Jalma anu aya di masjid pada ngabarata.
“Dudung geus ningali urang salat bari nyuhun imah, sapi, awéwé, mobil, sawah jeung
nu lian. Hartina urang ngajalankeun solat téh can bener, dina otak urang aya kénéh
pikiran kaduniawian,ingetan urang masih tetep ditutur-tutur ku ingetan salian ka
Allah.
Jamaah-jamaah tungkul, ceu Éha ceurik bagja. Dudung mah tetep teu ngarti naon anu
diceramahkeun ku wa haji. Manéhna mah ukur nyaho hayang seuri lamun ningali anu
sarolat bari nyuhun sawah, mobil, awéwé, lipstick, wedak, duit sagepok, korsi
pamaéntahan…

S-ar putea să vă placă și